Selasa, 26 April 2022

Masih Keneh Perkawis Syiah

Ketua MUI Pusat KH Umar Shihab kantos ngabewarakeun yen ajaran Syiah teh bener jeung diaku kaasup mazhab ageung dina Islam. Malihan mah dugi aya deklarasina ngeunaan ukhuwah Islamiyyah: Deklarasi Makkah (Arab Saudi), Deklarasi Bogor (Indonesia), Deklarasi Amman (Jordan), Deklarasi Dhaha (Oman), jeung Deklarasi MUHSIN (Majelis Ukhuwah Sunnah Syiah Indonesia) di Jakarta (Indonesia). Dina eta deklarasi jentre yen Syiah jeung Sunni sami-sami Islam. Ku kituna urang Islam anu mazhabna Sunni atanapi Syiah kedah tiasa ngajagi ukhuwah supados kahirupan di nagari Indonesia aman tentrem. 

Emang aya MUI Jawa Timur anu kantos masihan iber yen Syiah sasar. Jigana mah can aya koordinasi antara MUI Pusat jeung daerah atanapi eta mah kalebet kamandang nyalira sareng alim aya nu beda sareng paham mayoritas. Janten bae mawa karep sorangan. 

Mun ditilik tinu alesan MUI Jawa Timur, sarua jeung nu sok dibewarakeun jalma-jalma nu ageman na Wahabi nu asalna ti Arab Saudi. Anu sok gampang ngaharamkeun, ngamusyrikeun, ngabid’ahkeun paham nu beda jeung manehna. Baheula di Madinah (Arab) pajaratan Kangjeng Nabi Muhammad saw oge diratakeun sarta nandasa dugi pupus urang Islam nu pahamna sufi sareng Sunni. Malihan dina buku Wahabisme karya Hamid Algar disebatkeun ngajarah emas nu aya di pajaratan Amirul Mukminin Ali bin Abi Thalib di Najaf, Irak. 

Kuring geus macaan buku ti ulama Islam Syiah sareng ulama Sunni Indonesia. Dina buku-buku eta dijelaskeun hal-hal nu dianggap nyimpang atawa sasar ku urang Ahlussunnah jeung Wahabi. Buku-buku nu kantos dibaca teh di antawisna: 

1.      Dialog Sunnah Syiah karya Syarafuddin Al-Musawi (Bandung: Mizan, 2009),

2.      Sunnah-Syiah Bergandengan Tangan! Mungkinkah? karya Muhammad Quraish Shihab (Jakarta: Lentera Hati),

3.      Dua Pusaka Nabi saw karya Ali Umar Al-Habsyi (Jakarta: Ilya, 2007),

4.      Fikih Imam Jafar Shadiq karya Muhammad Jawad Mughniyah (Jakarta: Lentera),

5.      Inilah Islam karya Allamah Muhammad Husein Thabathabai (Bandung: Pustaka Hidayah),

6.      Merajut Ukhuwah Memahami Syiah: Memuat Catatan untuk Hidayat Nur Wahid karya Muhammad Babul Ulum (Bandung: Marja, 2008),

7.      Islam Alternatif karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),

8.      Islam Aktual karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),

9.      Menjawab Soal-soal Kontemporer karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),

10.   Mazhab Syiah (tarjamah nu diterbitkeun Muthahhari Press Bandung),

11. Buku Putih Mazhab Syiah (penerbit ABI Jakarta), 

12. Syiah Menurut Syiah (penerbit ABI Jakarta).

Buku-buku eta sakedik aya panjelasan dina perkara ajaran-ajaran Islam Syiah. Sumberna jelas ti para ahli jeung memang asli nu nganut paham ageman Islam Syiah. Kuring percanten ka arajeuna dina perkara Syiah batan ka jelema nu ngaku-ngaku ahli Syiah tapi ngan ukur ngagogoreng, ngajejeleh, sarta nyebat sasar nu sumberna lain ti ulama sarta urang Islam Syiah.

Jiga baheula di nagari urang unggal ping 30 September osok aya film di TVRI perkawis PKI nu maehan jeung rek kudeta. Eta film teh dijieun ku jalma nu ngewa ka PKI sahingga nu lalajo terang yen PKI sasar jeung bahaya keur rahayat Indonesia. 

Mun ceuk anak turunan pepentol PKI mah eta film salah jeung geus loba bohongna batan benerna. Janten so kaya rekayasa ti jalma nu ngewa sangkan teu diaku ku rahayat atawa teu dianggap bener mun dina urusan ageman. Nu bener teh versi manehna hungkul. Komo deui mun mayoritas jeung boga kakawasan tambah kiat dina rekayasana. 

Dina urusan paham ageman oge kitu. Loba jelema nu ngomongkeun perkawis Syiah tapi eusina patukang tonggong jeung versi urang Islam Syiah. Mun hayang terang ajaran Islam Syiah lain datang ka kiai Sunni atanapi Wahabi. Pasti mun ka maranehna mah yen nu bener teh mazhabna. Kedahna sumping ka ulama atanapi ajengan anu mazhabna Islam Syiah.    

Kuring yakin, boh urang IJABI (Ikatan Jamaah Ahlulbait Indonesia) atanapi ABI (Ahlulbait Indonesia) mun dianjangan pikeun ngobrol perkawis ajaran Islam Syiah pasti moal nolak. Sok guar tinu masalah nu gede dugi masalah leutik. Mun kirang panuju bisa langsung didebat bae didinya. Insya Allah, cikopi atawa cienteh bae aya. Lumayan pan, meunang elmu jeung bisa ngopi haratis.  Cag… ah. Engkin mun aya umur sambung deui. *** (ahmad sahidinJ