Minggu, 03 April 2022

Diajar Mazhab Syiah Ngaliwatan Buku

SIMKURING geus macaan buku ti ulama anu mazhabna Syiah sareng ulama Sunni Indonesia. Dina buku-buku eta dijelaskeun hal-hal nu dianggap nyimpang atawa sasar ku urang Ahlussunnah jeung Wahabi. Buku-buku anu kantos diaos diantawisna:

1. Dialog Sunnah Syiah karya Syarafuddin Al-Musawi (Bandung: Mizan, 2009),
2. Sunnah-Syiah Bergandengan Tangan! Mungkinkah? karya Muhammad Quraish Shihab (Jakarta: Lentera Hati),
3. Dua Pusaka Nabi saw karya Ali Umar Al-Habsyi (Jakarta: Ilya, 2007),
4. Fikih Imam Jafar Shadiq karya Muhammad Jawad Mughniyah (Jakarta: Lentera),
5. Inilah Islam karya Allamah Muhammad Husein Thabathabai (Bandung: Pustaka Hidayah),
6. Merajut Ukhuwah Memahami Syiah: Memuat Catatan untuk Hidayat Nur Wahid karya Muhammad Babul Ulum (Bandung: Marja, 2008),
7. Islam Alternatif karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),
8. Islam Aktual karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),
9. Menjawab Soal-soal Kontemporer karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),
10. Mazhab Syiah (tarjamah nu diterbitkeun Muthahhari Press Bandung).

Buku-buku eta sakedik aya panjelasan dina perkara ajaran-ajaran Islam mazhab Syiah. Sumberna jelas ti para ahli jeung memang asli nu nganut paham ageman Syiah. Kuring percanten ka arajeuna dina perkara Syiah batan ka jelema nu ngaku-ngaku ahli Syiah, tapi ngan ukur ngagogoreng, ngajejeleh, sarta nyebat sasar nu sumberna lain ti ulama sarta urang Islam anu mazhab Syiah.

Loba jelema nu ngomongkeun perkawis Syiah, tapi eusina patukang tonggong jeung versi urang Islam mazhab Syiah. Mun hayang terang ajaran Syiah lain datang ka kiai Sunni atanapi Wahabi. Pasti mun ka maranehna mah yen nu bener teh mazhabna. Kedahna sumping ka ulama atanapi ajengan anu mazhabna Syiah. Guar ti masalah anu gede dugi masalah leutik. Mun kirang panuju bisa langsung didebat. Jigana cikopi atawa cienteh mah bakal meunang. *** (ahmad sahidin)