ANU sok dijantenkeun alat keur merangan urang Islam anu mazhab Syiah biasana perkawis Rukun Islam jeung Rukun Iman anu benten. Jalma nu ngomong kitu henteu apaleun yen Islam dina sajarah mah loba nu nyieun rukun Islam jeung Iman na sorangan. Geura paluruh mazhab Khawarij, Mutazilah, Jabariyah, Asyariyah, Maturidiyah, jeung Wahabiyah oge boga prinsip kaislaman sareng kaimana nu beda.
Kitu deui dina torekat sufi pan beda dina hal rukun iman jeung Islam.
Malihan hadis perkawis rukun Islam lain hiji riwayatna. Janten kedah maluruh nu
aslina mun hayang eces jeung jentre. Kuring mah cekap bae nyepeng nu kuat jeung
geus kabuktos panaluntikanna.
Aya deui sual solat tilu waktu jeung parobahan dina Quran jeung sajabana.
Loba pisan jawaban nu negeskeun eta kabeh bohong anu disebatkeun jalma-jalma
anu mikangewa ka Islam Syiah.
Dugi kiwari urang Iran jeung Lebanon sarta Irak anu paham ageman Syiah
(Ahlulbait) ngagunakeun Quran nu ayeuna mayak di masjid-masjid urang. Di alam
dunya mah Al-Quran ngan hji: Mushaf Ustmani dimimitian fatihah panungtunganna
annas. Solat dina quran jentre waktuna ngan tilu: fajar (subuh), berang (lohor
jeung ashar), jeung peuting (maghrib jeung isya) jeung jumlahna tujuh welas
rokaat. Ngan cara jeung waktu palaksanaan
anu benten. Ari ibadahna sarua nyahareup ka Ka’bah, nu janten kiblat urang
Islam. Cenah Karbala kiblatna urang Islam Syiah, mah. Eta mah fitnah. Mun zaroh
kakara urang Islam Syiah ka Karbala, patilasan Imam Husen anu ditandasa ku
jalma bejad titihan Yazid bin Muawiyah, pangawasa Dinasti Umayyah.
Kitu deui sual kawin mut’ah oge janten sasaran tembak jalma nu ngewa ka
Syiah. Geus jentre aya dina Quran (Annisa ayat 24) jeung kuat riwayatna. Baheula Umar bin
Khaththab nuju janten khalifah ngaharamkeun mut’ah jeung haji tamatu. Henteu
acan kapuluh naon sababna Umar ngalarang
eta ibadah.
Numutkeun simkuring, hukum Allah sareng Kangjeng Nabi henteu bisa leungit
alatan fatwa sohabat. Quran jeung hadis Rasulullah saw langkung kuat jeung kudu
ditumut. Ngan sual waktos bae anu kedah dibahas dina mut’ah. Naha geus manjing jeung kondisi kiwari atawa acan?
Mun nilik kana kasus Sampang jeung Bangil mah henteu acan tiasa eta ibadah
dilakonan.
Kuring sapuk sareng Ustadz Jalaluddin Rakhmat yen sebenerna kawin daim nu diayakeun di nagari urang teh bisa kaasup mut’ah sabab aya shigat thalik nu eusina jentre mun henteu mere nafkah salila genep sasih bisa peugat kawin.
Mun diemutan mah eta teh kontrak alias mut’ah tea meureun. Jeungna mun rek ngalaksanakeun
sarua bae jiga kawin daim aya sarat-saratna. Salain rukun kawin, aya jangji anu
cicepeng ku masing-masing panganten dina ngalakonanna. Malihan mah di Iran,
nagari urang Islam Syiah, saurna rada sesah mun hayang kawin kontrak kitu.
Maharna geus aya standar ti pamarentah Iran jeung loba aturan anu kedah
dilaksanakeun. Saurna hese batan kawin daim.
Di urang aya anu model
kitu. Salah sahiji koran kungsi ngaliput di Bogor atawa Puncak aya kampung anu
ngayakeun kawin samentara kitu. Tapi eta lain mut’ah sabab anu ngalakonan the
rereana urang Arab Saudi anu dina mazhab mah kaasup Wahabi. Saurna eta kawin disebat
misyar, kawin keur ditalak jagana. Janten kawin daim heula anu disahkeun sacara
ageman tuluy engke mun geus seubeuh bisa dipirak (cerai). Di nagari Arab Saudi oge nikitu aya malihan
parantos difatwakeun ku ulamana. Mirip jeung kawin mut’ah. Ari mut’ah mah resmi
jeung aya ayatna, ari misyar mah jijieunan. Jigana mun maluruh ka Puncak atawa
Bogor bakal rada sesah. Jigana kudu rada reureunceupan mun kadinya mah. Yuk ah urang nganjang, tapi ulah maen ranjang. *** (ahmad sahidin)