Sabtu, 02 April 2022

Cinta Kangjeng Nabi

li khomsatun utfi bihaa

harol waba il khatimah;

almustofa wal murtadha;

wabna huma,

wal fathimah

 

li khomsatun utfi bihaa

harol waba il khatimah;

almustofa wal murtadha;

wabna huma,

wal fathimah

 

li khomsatun utfi bihaa

harol waba il khatimah;

almustofa wal murtadha;

wabna huma,

wal fathimah

 

Di lembur kuring, Gadog-Samarang-Garut, Jawa Barat, sok dihaleungkeun bari nungguan adzan magrib atawa isya. Tuluy disambung ku solawat. 

Numutkeun guru kuring: Prof Afif Muhammad yen dina eta syair eces anu disebat Al-Mustofa nyeta Kangjeng Nabi. Al-Murtado nyeta Imam Ali bin Abi Thalib ra. Wabnahuma nyeta Imam Hasan sareng Imam Husein. Teras nami Fathimah mah urang terang Anjeuna putri Kangjeng Nabi. 

Eta syair nunjukeun kacintaan ka kulawarga Nabi (Ahlulbait). Urang Islam kedah percanten syafaat Kulawargi Nabi bakal tiasa ngajait nasib urang Islam di aherat. Eta oge mun percanten. 

Mun nglikan buku-buku syair sastra Arab seueur syair anu muji jeung nunjukeun mikaheman atanapi micinta Ahlulbait. Imam Syafii anu geus katelah pepentol ahli fikih mazhab Ahlussunah nyebatkeun yen anjeuna tiasa disebat Syiah mun anu disebat Syiah teh mikacinta Kangjeng Nabi sareng Ahlulbaitna. Sanajan Imam Syafii teu nyepeng mazhab Syiah, anjeuna kalebet micinta Nabi sareng Ahlulbait.

Salain anu cinta, dina sajarah aya oge anu nonggongan. Malihan mah merangan Ahlulbait. Kajadian anu teu pareum dina sajarah mah katelengeusna Yazid bin Muawiyah anu tega maehan Imam Husein sareng kulawargana di Karbala, Irak. Anu kiwari katelah tragedi asyura. Urang kalebet mana? Anu cinta Nabi sareng Ahlulbait, atanapi anu nonggongan aranjeuna? *** (ahmad sahidin)