Kamis, 19 November 2020

Ngeunaan buku Tafsir Al-Mizan

Harita keur kuliah di IAIN (ayeuna UIN) Sunan Gunung Djati Bandung, kuring ngobrol jeung babaturan anu beda fakultas oge beda jurusan. Manehna masihan iber ka kuring, saestuna urang Muslim Syiah henteu make Alquran anu galib di nagari urang. 

Ceuk manehna yen urang Syiah boga kitab suci sorangan. Kulantaran kuring panasaran kana omonganna, tuluy bae kuring ngahaja ulin ka perpustakaan Muthahhari di Kiaracondong Bandung. Harita Muthahhari katelah institusi Syiah di Bandung. Kuring ngahaja datang sorangan. Asup ka rohangan perpustakaan bari uluk salam. Teras diwaler ku panjaga perpustakaan, bari naroskeun naon kaperyogian kuring. Simkuring ngawaler, "Hoyong ninggal buku-buku. Manawi aya anu tiasa ditambut." 

Teras bae panjaga perpustakaan masihan terang mun bade nginjem buku kudu nyieun kartu. Langsung bae kuring daptar harita keneh sanajan teu aya artos kanggo mayar administrasi. Anjeuna nyarita teu nanaon mayarna tiasa bari mulangkeun buku asal bener dibalikeun. Poe harita oge kuring nginjeum buku. Ngan anu diinjem na buku filsafat jeung tasawuf. Sanajan eces aya buku-buku ngeunaan Syiah, kuring can kataji. Ngan saminggu kuring nginjem buku. 

Tuluy poe ahad kuring ngagaja deui ka Muthahhari deui rek mulangkeun bari nginjem deui buku. Teu poho bari mawa duit keur mayar administrasi anu tiheula dianjuk.

Ka panjaga perpustakaan, kuring menta hoyong pang motokopikeun kitab Tafsir Al-Mizan jilid hiji. Sadayana duapuluh jilid. Malihan tos aya na basa Inggris. Ngan kuring hayang anu basa Arabna. 

Harita anu kawentar Allamah Muhammad Husain Thabathabai salaku mufassir ti kaum Syiah. Nuju mesen eta kitab, harita panjaga perpustakaan nyarios tiasa ahad payun mayarna. Eta pisan anu diharepkeun pisan. Tepung ahad kuring nyokot kitab sakaligus mayar biaya motokopi. 

Tuluy eta buku anu masih keneh na basa Arab teh dilebetkeun kajero kantong. Kuring balik nikreuh leumpang ka rorompok. Sabab harita beakeun ongkos angkot. Ngesang ngoprot. Ti Kiaracondong nikreuh ka jalan Mohamad Toha. Dugi ka bumi langsung ibak. Kuring panasaran kana eusi kitab. Tuluy dibukaan ti kaca awal dugi ka ahir bari satiap ayat Alquran anu diguar diamprokkeun jeung mushaf Alquran anu simkuring gaduh. 

Hasilna teu aya anu mahiwal na ayat Alquran mah. Ngahaja kuring ngecek kitab Tafsir Al-Mizan sabab ieu kitab anu biasana janten referensi kaum Syiah dina pasualan kaagamaan. Harita tafsir Al-Mizan wae anu populer. Kiwari mah geuning loba tafsir Alquran yang diserat ku ulama anu mazhab na Syiah.

Tah, ti harita kuring mun panggih jeung babaturan anu baheula nyebat sasar ka Syiah langsung bae dipaluruh referensi anu diomongkeun na. Sanggeus adu heuras genggerong manehna ngaku can maca kitabna langsung. Kuring mesem bae. Ti harita mah henteu percaya deui ka manehna mun ngomongkeun sual mazhab.

Alhamdulillah eta kitab fotokopian masih aya di rorompok. Malihan pun raka anu kantos diajar basa Arab oge kantos nginjeum hayang maca cenah. Ka kuring ngomong yen eta kitab loba informasi anu patali jeung sajarah, tata basa sarta istilah-istilah anu seueur makna na. 

Kiwari, kirang langkung tujuh welas taun, kuring manggih di pameran buku eta kitab geus aya tarjamahna. Ngan tujuh jilid anu medalna. Kuring meser anu jilid dua jeung tilu. Henteu kabeh eta kitab sabab kirang artosna. Kungsi diaos. Teras bae henteu inget deui eusina. Maklum kuring goreng pisan emutan ngeunaan elmu. Ngan anu emut teh dosa anu ngacik na diri kuring. 

Anu disebatkeun pun raka leres. Kitab Tafsir Al-Mizan eusina nguraikeun ayat Alquran. Teras majeng kana istilah basa Arab anu diguar tina kamus sarta dikaitkeun ka ayat Alquran sanesna. Kuring karek ngartos geuning mufassir kasebat jalma anu leukeun ngulik jeung ngaguar deui ti kitab tafsir anu tos medal. Malihan aya komentar ka ulama sejen. Ngan Thabathabai mah henteu nyebat nami nuju ngiritikna. Tangtos riwayat ti Imam Syiah jeung Ahlussunnah nembrak pisan na satiap lambarna.

Salain ti eta, kapanggih oge na eta tafsir nyokot pamendak ulama Syiah anu hirupna saacan Thabathabai. Janten estuning dumasar kana kitab-kitab oge Thabathabai nerangkeun ayat Alquran. Sababaraha riwayat ti Ahlussunnah aya anu dikritik ku Thabathabai. Ngan riwayat anu disebatkeun ti para Imam Syiah mah teu kapanggih dikritik. Panginten tos sahih sahingga kantun nampi jeung tumut bae. 

Numutkeun kuring, Tafsir Al-Mizan sae diaos keur anu parantos gaduh elmu agama Islam anu diajarna sacara akademik. Mun ukur ngaji di masigit mah cekap maos Tafsir Al-Mishbah na Prof Quraish Shihab jeung tafsir dina applikasi Alquran Kemenag (play store).

Kitab Tafsir Al-Mizan anu difotokopi diaosna sakira dua sasihan. Eta oge ngan jilid hiji jeung henteu runut. Rada sesah digayeumna sarta kedah sababaraha balikkan nembe terang eusina. Ngan kuring henteu tiasa ngajentrekeun eusi eta kitab na.

Geus heula ngobrol na. Mugi urang sadaya dipasihan taufiq sangkan salamet dunya aherat. Aamiin. Cag! *** (ahmad sahidin)