Sabtu, 02 Juli 2016

Sakedap Deui Pungkasan


Bismillaahirrahmanirrahiim
Allahumma shalli 'ala Muhammad wa aali Muhammad

sakedap deui romadon pungkasan
unggal taun, lebaran sumping ka urang
ngabagjakeun nu lekasan saum
ngabagjakeun nu marulang ka pakampungan 
nu di dayeuh muru ka kampung
nu di kampung hut het sasadiaan keur nu ti dayeuh

parantos janten kabiasaan urang lembur
saban-saban lebaran, silaturahim ka dulur sabeuteung
dulur salembur, baraya-baraya urang sarerea

ilaharna unggal tepung lebaran
salalaman jeung silih menta hampura
utamana ka indung jeung bapa
ilaharna zarah ka pajaratan nini aki 
ilaharna zarah ka nu parantos ngantunkeun urang

geubeug, ka saha simkuring kedah tamada
sabab indung bapa kuring parantos mulih kajati mulang ka asal
unggal lebaran ngan tiasa doa
unggal taun ngan tiasa sumegruk
ngan cimata nu tiasa janten tawis cinta

hapunten biang, hapunten rama
unggal boboran ngan baloboran cimata
ngan tiasa zarah ti jauh
ngan tiasa doa jeung doa

Bihaqqi Muhammad wa aali Muhammad
mugi kersaning Gusti Nu Ngersakeun 
ngadugikeun kuring dugi ka pajaratan aranjeuna
tiasa ngadoa payun pajaratan aranjeuna

Nun Gusti Nu Mahaasih
Nun Gusti Nu Mahawelas
mugi ngahampura kana sagala dosa ka aranjeuna
mugi masihan rohmat sareng mikarunya ka aranjeuna

Allahumma wallihim maa tawalla wahsyurhum ma'a man ahabbuu
Allahummarham ghurbatah, wa shil wahdatah, wa aanis wahsyatah,
wa aamin raw'atah, wa askin ilaihi min rahmatik

Allahumma shalli 'ala Muhammad wa aali Muhammad
Allahumma shalli 'ala Muhammad wa aali Muhammad
Allahumma shalli 'ala Muhammad wa aali Muhammad

2016