Jumat, 01 Juli 2016

Perkawis Nikah Mut'ah

Lamun nilik kana fikih Islam loba pisan anu beda. Sanajan sa-mazhab atanapi sa-ormas, sok aya wae beda tafsir. Kitu oge urang Islam anu anut mazhab Syiah, masing-masing pada benten dina nyepeng katerangan hukum. 

Nikah mut'ah sacara nash disebatkeun dina Al-Quran surah Annisa ayat 24. Dina hadis ti Jabir bin Abdillah yen Ibnu Abbas nagalakukeun nikah mut'ah. Kitu oge Rasulullah saw sareng Abu Bakar. Ngan teras Umar bin Khatab nuju janten khalifah nyaram kana nikah mut'ah sareng haji tamattu (Sunan Al-Baihaqi jilid 7 kaca 206, Shahih Muslim tina bab nikah mutah, kitab Durr Al-Manstur jilid 5 kaca 487).
Dina sajarah Islam aya anu kantos nikah mut'ah dugi gaduh anak. Abdullah bin Zubair sareng Urwah bin Zubair disebat putra hasil nikah mut'ah antawis Asma binti Abu Bakar sareng Zubair bin Awwam. Mangga geura ilikan dina buku Mazhab Kelima karya Prof Muhammad Husain Thabathabai (penerbit Nur Al-Huda) kaca 295.

Ulama kiwari sareng kapungkur pada gaduh pamadegan nyalira. Dalilna mah sami tina Annisa ayat 24. Ngan dina tafsir sareng praktek ngalaksanakeun katut sarat-saratna barenten masing-masing ulama.

Contona aya ulama nyebatkeun nikah mut'ah tiasa dilakukeun sabab eta hukum Allah. Anu kedah diemutan kanggo anu nyepeng kana tafsiran ieu: kedah sadia calonna jeung siap kana ngajalanan rukun-rukunna. Rukunna sami sareng nikah daim.

Bentenna dina waktos teras mahar anu nangtoskeun istri jeung aya idah saatos nikah. Idah dina nikah mut'ah mah dua kali suci tina hed (eta oge mun awewe mun bade nikah deui). 

Mun mojang kedah aya idin bapana sareng anu janten walina. Mun randa tiasa nganikahkeun nyalira (ngan kedah cumpon sarat jeung rukun nikah). 

Dina nikah mut'ah henteu kenging sareng palacur (awewe belian anu husus ngalayanan keur zinah).

Mun boga budak tina nikah mut'ah janten tanggeng waler bapana sareng anakna kenging warisan tina bapana. 

Awewe anu saatos nikah mut'ah henteu kedah dipasihan resiko sapopoe (ngan mun dina serat perjanjian dina waktos ijab qabul disebatkeun maka kedah dicumponan ku lalaki anu ngawin). 

Para ulama nyaratkeun kedah aya saksi dua lalaki anu atos baligh masing-masing ti pihak lalaki sareng ti pihak awewe. Mun anu janten saksina awewe kedah opat, masing-masing dua ti pihak awewe sareng dua ti pihak lalaki.

Anu utami dina fikih nikah mut'ah nyaeta serat perjanjian lamina nikah sareng naon bae anu bade dilakukeun salami nikah. Tah eta sarat jeung rukun anu dina fikih mutah mazhab Ahlulbait (Syiah Imamiyah).

Aya oge nu nyebatkeun nikah mutah tiasa dilakukeun keur dina kondisi darurat hungkul. Ieu mah ninggal kana sajarah. 

Dina riwayat disebatkeun nikah mut’ah di antarana nuju perang jeung keur jauh ti pamajikan. 

Saur pun guru: Prof Afif Muhammad, guru besar UIN Bandung, nikah mut’ah tiasa dilakukeun ku urang Islam lamun keur jauh ti pamajikan sapertos nyaba jeung gawe di nagari batur atawa keur nyantri (sakola) di luar nagari. Ngan kedah cumpon kana sarat jeung rukun nikah. 

Kang Jalal (Jalaluddin Rakhmat) anu kiwari Pupuhu Dewan Syura Ikatan Jamaah Ahlul Bait Indonesia (IJABI) nyebatkeun nikah mut'ah di Indonesia kalebet haram dipraktekeun ku wargi orhanisasi IJABI. 

Kang Jalal dina hiji konferensi pers (30 Desember 2011) di Jakarta nyebatkeun, "Kami di IJABI nikah mut'ah diharamkan."  

Saur Kang Jalal, urang Islam Indonesia ngalakukeun nikah mutah tapi dina konteks nu beda. “Kita semuanya nikah mut'ah, segera setelah akad nikah, kita diminta baca taqliq talak. Itu kan nikah mut'ah,” jelasnya.  

Numutkeun simkuring, kawijakan Kang Jalal perkawis nikah mut’ah jigana ninggal kana situasi nagari urang anu masih keneh awam kana fikih Ahlulbait sareng mikangewa kana ajaran Islam mazhab Syiah. Kusabab kitu kuring sapuk yen teu perlu nikah mutah urang Islam anu calik di Indonesia. Masih seueur randa anu kersa diwayuh (poligami). Barina oge nikah mutah teu dicontokeun ku Rasulullah saw. Ngan para sahabat anu nyontokeun nikah mutah. 

Lain deui di Iran jeung Lebanon atanapi Suriah sareng Kuwait, hukum nagarina ngadukung. Malihan di Iran, saurna sesah bade nikah mutah. 

Wargi urang Islam Indonesia, sabagean henteu tiasa nampi hal-hal anu benten dina paham sareng tafsiran ajaran Islam. 

Urusan shalat taraweh wae pan sok bentrok jeung silih carekan. Kitu deui dina shalat idul fitri atanapi mimitian puasa Romadon sok bareda unggal orhanisasi Islam.  

Mun ninggali fatwa Kang Jalal anu ngaharamkeun nikah mutah rupina mandang dina kondisi anu teu acan parinter sareng anu lolobana urang Islam henteu tiasa nampi kana ikhtilaf mazhab. 

Lamun maksakeun tangtos janten aib. Henteu janten maslahat keur masyarakat. Malah janten carekeun batur sareng disasarkeun ku jalma-jalma anu henteu ngarti kana elmu fikih. 

Kuring mah ninggal fatwa Kang Jalal dina faktor kondisi masyarakat Indonesia anu henteu siap narima ikhtilaf. Janten lain urusan ngaharamkeun anu halal. Ieu mah urusanna perkawis paham dominan anu kiwari henteu acan tiasa nampi kana paham Syiah.

Komo deui mun ngadangu beja: aya jalma-jalma anu laku lampahna kirang nyoko kana akhlak Rasulullah saw sareng ajaran Islam. Misalna aya anu resep lacur, ngakuna mutah. Aya pajabat anu korupsi, nyebatna ghanimah sareng fai.

Kuring yakin mun urang Islam geus ngarti dina elmu-elmu kaislaman sarta elmu-elmu kontemporer non agama pasti bakal ngarti sabab-sabab kaluarna hiji fatwa atawa kawijakan. Kantun diemutan bae, pas atawa henteu dina kaayaan kiwari. ***