Senin, 05 Agustus 2019

kuring milangkala

Salamun ‘alaykum. Sampurasun... Tiap kaping 5 Agustus kuring tepang taun atanapi biasa disebat milangkala. Hatur nuhun kanggo  sepuh kuring anu kiwari di alam barzah, anu janten margalantaran kuring aya di dunya ieu. Hatur nuhun pun bojo anu ngaping kuring dugi kiwari. Bilih isuk jaganing geto kuring pondok umur. Kuring ngalangkungan ieu seratan bade ngadu’akeun kanggo sepuh simkuring.
Assalamu’alaika Ya Rasulullah
Assalamu’alaika Ya Abal Qasim
Assalamu’alaika Ya Habiballah
Assalamu’alaika Ya Muhammad bin Abdullah

Ya Rasulullah, isyfa’lana indallah
Ya Rasulullah, isyfa’lana indallah
Ya Rasulullah, isyfa’lana indallah

Ya Rasulullah, pasihan syafaat kanggo sepuh kuring anu kiwari di alam barzah hapunten samudaya kalepatanna.

Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala aali Sayyidina Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala aali Sayyidina Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala aali Sayyidina Muhammad

Robbighfirli waliwalidayya warhamhuma kama robbayani soghira
Allahummaghfirlahum warhamhum waafihim wa fuanhum wala taftina ba'dahum
wa shalli ‘ala Sayyidina Muhammadin wa 'ala aali Sayyidina Muhammad wa 'ajil farojahum warzuqna fidunyya ziyaratahum, wa syafaatahum fil akhiroh

Nun Gusti, mugi nangtayungan sepuh kuring di alam barzah. Mugi diseepkeun dosa-dosana sareng ditampi amal ibadahna. Mun di simkuring aya pahala, kanggo sepuh kuring bae sabab rumaos sepuh kuring seueur pisan ngabaktos nuju kuring alit. Mugi eta janten panghapus dosa-dosana.

Kanggo sadaya wargi kuring, rerencangan di mana bae, sareng saha bae anu kungsi kasindir, kaseureud manah; anu tangtos janten bala keur kuring. Ti sacongo buuk dugi sausap dampal, kuring nyuhunkeun hampura. Hapunten lahir sinareng batin. Mugi urang sadaya aya dina panangtayungan Allah Ta’ala sarta kenging barokah dina rezeki; sareng jaga di alam barzah sareng aherat kenging syafaat Kangjeng Nabi Muhammad saw sareng Kulawargana anu suci. Aamiin, Ya Rabbal 'alamin. *** (ahmad sahidin)