Jumat, 22 Maret 2019

Perkawis Wahabi



KH Umar Shihab, Ketua MUI Pusat (widang ukhuwah) ngabewarakeun ajaran Syiah masih lebet kana mazhab agama Islam. Malihan aya deklarasi ulama internasional anu negeskeun Syiah bagean tina agama Islam. Mangga geura ilikan dina internet perkawis Deklarasi Makkah (Arab Saudi), Deklarasi Bogor (Indonesia), Deklarasi Amman (Jordan), Deklarasi Dhaha (Oman), Deklarasi MUHSIN (Majelis Ukhuwah Sunnah Syiah Indonesia) di Jakarta (Indonesia) sareng sajabina.


Naha atuh MUI Jawa Timur wani nyasarkeun urang Islam anu nyepeng mazhab Syiah di Sampang, Madura? Jigana mah can aya koordinasi antara MUI Pusat jeung daerah. Atawa meureun embung aya nu beda jeung paham ageman nu mayoritas. Janten bae mawa karep sorangan.

Mun ditilik tinu alesan MUI Jawa Timur, sarua jeung nu sok dibewarakeun jalma-jalma nu ageman na Wahabi nu asalna ti Arab Saudi.

Anu sok gampang ngaharamkeun, ngamusyrikeun, ngabid’ahkeun paham nu beda jeung manehna.
Baheula di Madinah (Arab) pajaratan Kangjeng Nabi Muhammad saw kungsi diratakeun. Kitu oge nu pahamna sufi sareng Sunni ditandasa. Malihan dina buku Wahabisme yasana Hamid Algar disebatkeun ngajarah emas di pajaratan Amirul Mukminin Ali bin Abi Thalib di Najaf, Irak. Hayu urang tafakuran, naha Wahabi kitu laku lampahna? Tah ieu anu kudu janten lenyepaneun. ***