Minggu, 17 Maret 2019

dongeng ti guruna

Kamari babaturan kuing mere dongeng ti guruna. Ajengan kampung anu janten guruna ngobrolkeun yen sagala ucap polah jeung laku anu dialungkeun ka batur sok malikan deui. Karma meureun disebatna ceuk urang Sunda mah.
Tah ieu dongengna. Hiji mangsa guruna mawa kadu badag ka imah. Diopi ku sorangan. Garwana hoyongeun. Kusabab kadu teh kabeukina, ajengan henteu ngagehan. “Ayeuna mah bauna wungkul nya, Ma,” saur eta ajengan bari ngangkat cangkang kadu.
Harita teh poe kemis. Sabada yasinan malem jumaah tuluy bae salaki pamajikan eta asup ka pangkeng (kamar). Tuluy eta ajengan "menta" ka pamajikanna.

Jigana mah masih keneh bendu, tuluy bae dampal leungeun pamajikan ngodok bagean taeun anu dipikahoyong salakina. Tuluy dampal leungeun eta diantelkeun kana irung salakina, “Ayeuna mah bauna wungkul nya, Pa.”

Tah eta mah kajadian nyata. Tapi aya hikmah jeung janten lenyepaneun urang sadaya sangkan ulah koret. *** (ahmad sahidin)