Jumat, 15 Maret 2019

Perkawis Ibnu Saba

Mun macaan seratan ngeunaan Islam mazhab Syiah anu aya dina internet atawa ngadangu beja yen Syiah teh agama anu dijeun ku Abdullah bin Saba, urang Yahudi anu ngewa ka Islam. Kuring ngahaja nepangan babaturan anu aktif di ormas IJABI (Ikatan Jamaah Ahlul Bait Indonesia). ​

Ampir sadaya ngeunaan Syiah kantos ku simkuring ditanyakeun. Tina hasil diskusi eta jentre Abdullah bin Saba atanapi Ibnu Saba teh carita wadul anu dijieun ku Saif bin Umar At-Tamimi. Tamimi kalebet ulama nu ngawula ka Dinasti Umayyah anu kakawasaanna beunang ngarampog ku cara licik ti Imam Ali bin Abi Thalib karamallahu wajhah.

Muawiyah salaku raja Dinasti Umayyah janten pamingpin anu teras nindesan ka urang Islam anu ngadukung Imam Ali sarta anu kapanggih mikacinta Kulawarga Rasulullah saw (Ahlulbait) ataw anu henteu ngadukung kana sagala kawijakan Dinasti Umayyah.

Salian ti eta, Muawiyah oge ngadamel katangtuan ka sakabeh khatib jumaah mun saatos khutbah kedah ngajejeleh Imam Ali sarta kulawargana. Lamun aya ulama atanapi khotib anu teu kersaeun langsung bae dipaehan atawa dibui dugi tilar dunya.

Sajarah nyaritakeun kawijakan goreng eta lumangsung dugi tujuh puluh taun. Eureun soteh pedah ku Umar bin Abdul Aziz, pamingpin Dinasti Umayyah anu soleh, digentos ku ayat Quran anu marentahkeun ngalakukeun bebenaran, amal soleh jeung nanjeurkeun kaadilan. Ngan gentos Umar bin Abdul Aziz balik deui kana kawijakan sateuacanna.

Sajarah nyaritakeun kumaha goreng polahna turunan Muawiyah bin Abu Sufyan ka turunan Kangjeng Nabi khususna para Imam Ahlubait. Sidik dina sajarah, Imam Husain ditandasa Yazid bin Muawiyah dugi pisah mastaka sareng raga. Kitu oge kulawargana disiksa jeung disebatkeun sasar.

Dina hiji milis kuring kantos patelak sareng urang Banten anu keukeuh Ibnu Saba anu nyiptakeun Syiah. Kuring nangtang ka manehna mun enya lain fiktif kudu dijentrekeun saha ari Ibnu Saba? Manehna henteu bisa nyebatkeun asal-usulna tokoh fiktif dina kitab anu diserat Saif bin Umar nu diaku bener-bener ngabuktoskeun Syiah dijeun urang Yahudi (Ibnu Saba) pikeun mecahkeun Islam supados henteu asli deui. Kuring ngakak ngabandunganna kusabab manehna henteu bisa nyebutkeun saha luluhurna Ibnu Saba.

Manehna nyerat, “Kuduna mah anu ngajentreukeun teh maneh, pan maneh Paham Syiah pasti nyaho kana silsilah Ibnu Saba, lain kitu jang?”

Kuring seuri ngakak. Manehna ngaku nyaho Syiah dijieun Ibnu Saba, tapi henteu bisa ngabuktoskeun saha luluhurna. Ku sim kuring dicarioskeun loba ulama Syiah jeung ulama Ahlussunah anu nolak kana carita anu dijieun Saif bin Umar.

Kuring ngomentaran: carita eta nu ngan aya dina cutatan Ibnu Taimiyah sareng Albany jeung pepentol agama Wahabi teh kawilang fiktif. Sanajan nyutat ti urang Syiah, tapi kuring yakin eta henteu bener alias fiktif jeung dikaitkeun  ka ulama Syiah. Pan aya jelema anu ngaku kaluar ti Syiah nyieun buku nu jejerna: Mengapa Saya Keluar dari Syiah (ieu buku tarjamahan). Ari geus dipaluruh geuning jelema anu ngaku kaluar ti Syiah teh bohong alias wadul. Sidik nu nagari urang oge seueur nu wadul (bohong) teh: jiga nu nyieun situs (syaihindonesia ), tapi eusina mah ngajejeleh Syiah.

Abdi mah yakin Ibn Saba fiktif sabab luluhurna sareng ayana oge diasupkeun Saif bin Umar At-Tamimi tuluy dikarutipIbnu Taimiyah jeung sejenna. Jigana mah nu ngarutip numutkeun simkuring acan ngalakukeun studi kritik historis. Sugan jeung sugan MUI jeung LIPI daek nalungtik deui eta sumber nu dikarutip ku Ahlussunah. Kitu oge studi kritis ka Syiah.

Jadi, ceuk abdi mah MUI oge kedah ngaji deui Islam Syiah samemeh ngaluarkeun fatwa. Teras ngaji sumber Islam Ahlussunnah: bener henteu dasar Islam teh Kitabullah sareng Sunnati; leres teu Sunnah Rasulullah, lain sunnah sohabat sareng ulama.

Salain eta anu sok dijantenkeun "alat" keur merangan Islam Syiah teh perkawis rukun Islam jeung Rukun Iman anu benten. Kuring ngakak jeung tanda jalman nu ngomong kitu teu apaleun Islam dina sajarah geus loba nu nyieun rukun Islam jeung Iman na sorangan. Di antawisna mazhab Khawarij, Mutazilah, Jabariyah, Asyariyah, Maturidiyah, jeung  Wahabiyah oge boga prinsip kaislaman sareng kaimana nu beda. Kitu deui dina torekat sufi pan beda dina hal rukun iman jeung Islam. Malihan mah hadis perkawis rukun Islam lain hiji riwayatna. Janten kedah maluruh nu aslina mun hayang eces jeung jentre. Kuring mah cekap bae nyepeng nu kuat jeung geus kabuktos panaluntikanna.

Perkawis nikah mutah oge janten sasaran tembak jalma nu ngewa ka Syiah. Geus jentre aya dina Quran jeung kuat riwayatna. Baheula Umar bin Khaththab anu geus ngaharamkeun mutah jeung haji tamatu. Numutkeun simkuring, hukum Allah sareng Kangjeng Nabi henteu bisa leungit alatan fatwa sohabat.

Quran jeung hadis Rasulullah saw langkung kuat jeung kudu ditumut. Ngan sual waktos bae anu kedah dibahas dina mutah. Naha geus manjing jeung kondisi kiwari atawa acan?

Mun nilik kana kasus Sampang jeung Bangil mah henteu acan tiasa eta ibadah dilakonan. Kuring sapuk sareng Ustadz Jalaluddin Rakhmat yen sebaenerna kawin nu diayakeun di nagari urang teh bisa kaasup mutah sabab aya shigat thalik nu eusina jentre mun henreu mere nafkah salila genep sasih bisa peugat kawin. Mun diemutan mah eta teh kontrak alias mutah.

Aya deui sual solat tilu waktu jeung parobahan dina Quran jeung sajabana. Loba pisan jawaban nu negeskeun eta kabeh bohong anu disebatkeun jalma-jalma anu mikangewa ka Islam Syiah.

Dugi kiwari urang Iran jeung Lebanon sarta Irak anu paham ageman Syiah (Ahlulbait) ngagunakeun Quran nu ayeuna mayak di masjid-masjid urang. Di alam dunya mah  Al-Quran ngan hji: Mushaf Ustmani dimimitian fatihah panungtunganna annas. Solat dina quran jentre waktuna ngan tilu: fajar (subuh), berang (lohor jeung ashar), jeung peuting (maghrib jeung isya) jeung jumlahna tujuh welas rokaat.

Tah, ngan sakitu heula. Mugi janten lenyepaneun. Sugan isuk jaganing geto tiasa disamper deui. Sugan bae aya anu ahli tiasa medar anu langkung euyeub. Malum sim kuring mah ngan ukur macaan buku. Tangtos benten jeung anu nyantri langsung ti ahlina. *** (ahmad sahidin)