Sabtu, 23 Maret 2019

Wejangan Bagenda Ali ti Buku Para Pepentol Agama

Simkuring bade ngiring mijah. Ngiring ngagandengan. Ngiring baceo. Seja masihan iber syiar wejangan sareng kasauran Bagenda Ali bin Abi Thalib ra anu mashur digelaran Al-Murtadha, minantu Kangjeng Nabi Muhammad saw sarta carogena putri Nabi (Sayidah Fathimah ra).
Tah ieu wejanganna:

(1)   jelema-jelema mah di dunyana sarerea oge sarare; hudang-hudang engke ari geus balik ka aherat,
(2)   kapribadian manusa mah nyumput dina sahandapeun letahna,
(3)   jelema anu hade budi-basana sok loba sobatna,
(4)   manusa mah babari pisan kapincutna ku budi parangi,
(5)   tukang rahul mah taya kamanusaanana,
(6)   anu geus sampurna pikiranna, biasana sok kurang nyarita,
(7)   singsaha anu ngarep-ngarep anu henteu pati perlu sok kaleungitan anu leuwih perlu,
(8)   anu belet mah sok hawara biwir; leuir pikir henteu cara anu pinter; ngadalian letahna,
(9)   harkatna caritaan the aya dina saripatina.

Baraya sadaya, eta wejangan Bagenda Ali teh kenging nyutat tina buku alit jejerna Para Pepentol Agama kenging Yusas (Yusuf Sasrasasmita) kaca 71 anu dicitak Al-Ma’arif  Bandung anu medalna 1979.

Dina kaca 69, disebatkeun saba’da Bagenda Ali bin Abi Thalib ra dirogahala (ku Abdurrahman bin Muljam ti golongan atawa mazhab Khawarij basa rek shalat subuh di Masigit Kufah, Irak, ping 19 Ramadhan 40 Hijriyah) masihan wasiat kadua putrana (Imam Hasan sareng Imam Husen):

“Anaking, hidep kudu tarakwa ka Gusti Allah Subhana wa ta’ala. Poma pisan ulah nepi ka tigebrus kana jurang tina pasal ngudag-ngudag dunya. Kudu daraek balaka satabarasna sanajan baris diseungseurikeun ku nu sejen. Pikadeudeuh barudak yatim. Tulungan anu dikaniaya jeung kudu dibasmi sakur anu osok nganiaya. Kudu daek marigawe amal soleh sakumaha anu kaungel dina Quran. Kudu nyumponan tetekon (shalat) nu lima waktu samemeh ahir waktuna. Kaluarkeun zakat sakumaha mistina. Masing hade-hade ari abdas. Ulah pegat-pegat tobat ka Gusti Allah. Sabisa-bisa kudu kuat nahan amarah. Kudu daek anjangsono jeung papada kaula. Urang Islam kudu dibere nasehat sangkan daraekeun marigawe bebeneran. Alusna mah sing aya jasa ka lemah cai. Pingpin manusa-manusa teh sangkan daraek marigawe kautamaan jeung naringgalkeun sagala rupa kagorengan.” 

Dina bagean panganteur, Yusas nyebatkeun yen buku Para Pepentol Agama teh sanes karangan manehna, nanging kenging nukilan tina "Tafsir Al-Quran" kenging saderek Mahmud Yunus, "Sejarah Nabi: Rasul Pilihan" kaluaran Pemeliharaan Rohani Angkatan Darat, buku 4 besar tarjamahan saderek M. Said, sareng buku bacaan Sunda Triwangsa.

Janten lamun aya anu kirang pas dina bagean wejangan Bagenda Ali tiasa dimalum sabab Yusas henteu nyutat langsung tina Nahjul Balaghah anu kawentar kitab klasik anu eusina sagala rupi hal-ihwal ngeunaan Bagenda Ali sareng hadis-hadis Kangjeng Nabi anu dicarioskeun deui ku Bagenda Ali. Tah ieu kedah janten lenyenpaneun. Sugan bae aya anu asup kana manah.

Cag. Sugan jeung sugan isuk jaganing geto aya nu kersa maluruh deui. Sugan enjing jaganing geto aya anu kersa narjamahkeun hikmah anu aya dina leuit (kitab-kitab).*** (ahmad sahidin)