Alhamdulillah kamari peuting saatos netepan Isya kuring rengse maca
buku anu jejerna Wastu Kancana yasa Yosep Iskandar. Medal taun 1987 ku
penerbit Rahmat Cijulang.
Buku alit eta ku simkuring diaos ti tabuh dua siang. Meunang nginjeum ti
babaturan anu ngajar basa Sunda di sakola tempat kuring ngawulang. Anjeuna
masihan nambut eta buku. Saurna eta buku neraskeun carita Palagan Bubat.
Simkuring kacida bungah sabab ti baheula memang hayang terang ngeunaan sajarah Sunda. Ari maca buku sajarah Sunda
langsung mah rada abot jeung rada kudu mikir sabab aya bae istilah ilmiah anu
lebet sareng analisis lainna. Ari maca versi novel mah resep jeung geunah
bae henteu karasa cape atawa beurat dina macana.
Dina eta buku diguar yen saatos Palagan Bubat anu niwaskeun kulawarga
Raja Nagri Sunda anu harita sumping ka nagari Majapait bade nikahkeun putrina Diah
Pitaloka ka Raja Hayam Wuruk. Ngan Gajah Mada anu janten patih Majapait nafsirkeun kasumpingan rombongan ti nagari Sunda dina sawangan
pulitik sareng kasempeutan keur naklukeun nagari Sunda anu can serah bongkokan
ka Majapait.
Tangtos bae rombongan nagari Sunda anu sakeudik henteu tiasa ngalawan
parajurit Majapait anu pohara. Barina oge rombongan ti Sunda mah niatna oge
bade seserahan lain rek palagan. Tangtuna teu persiapan sahingga tumpur
sadayana. Kitu deui Raja Nagari Sunda katut kulawargana. Kajadian eta
nguciwakeun Hayam Wuruk. Manehna menta hampura ka Bunisora, rayina Raja Sunda,
supados henteu nyideum amarah kana eta kajadian.
Kuring maca eta carita dina buku Yosep Iskandar anu jejerna “Perang
Bubat” anu diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama. Jigana mah keuna kana jiwa Sunda
kuring, sajongjonan maca bagean ahir eta buku cimata kuring maseuhan pipi. Jeungna kesel ka
patih Majapait. Bojo simkuring oge embung deui maos eta buku. Sedih jeung teu
tega mun dibaca deui: asa nyeuri hate.
Balik deui ka buku Wastu Kancana. Dina eta buku dicarioskeun yen anu
ngagentos samentara di Karajaan Sunda (Kawali) teh Bunisora. Putra Raja Sunda aya
jumeneng masih budak keneh. Janten kedah disiapkeun heula. Bewara ngeunaan
tiwas suci kulawargana di Majapait henteu dibejakeun sabab sieun langsung henteu tiasa nahan amarah.
Bunisora, paman Wastu Kancana, nyandak eta murangkalih keur diajar
sagala rupa kaelmuan di padepokan anu khusus keur ngagembleng pasukan husus
karajaan: balamati. Carana henteu
langsung, tapi diculik heula. Saba’da diwarah, Wastu Kancana dibere nyaho
perkawis anu dirusiahkeun. Bunisora langsung anu masihan terang.
Saba’da dipeupeujeuh, Bunisora ngajak balik ka Kawali. Ngan Wastu
Kancana embung balik. Anjeuna kalah ngumbara milari elmu. Nya atuh henteu bias
dicaram. Antugna diwidian teras nyandak batur keueung: Rakean Hujung. Duana
ngumbara dugi ka Pakuan. Mereskeun anu baruntak ka nagara. Teras ti dinya
ngulampreng ka Lampung. Tepang sareng resi teras guguru. Di bagean ahir buku
dicaritakeun Wastu Kancana nyalametkeun padepokan resi ti serangan musuh gerot
guruna. Jeung niwaskeun gegedugna make pakarang anu dibere ku Bunisora.
Dina eta buku, dicaritakeun yen Wastu Kancana oge katarik manah ku
putri resi. Henteu aya pedaran proses asmara, ngan hungkul tepung di walungan
teras bae silih kenalan. Didinya duana singket saling katarik manah keuna ku
panah asmara. Basa rek mulang ti padepokan resi, duanana silih mere
barang anu janten pakait ati. Dugi kadinya eta carios dina buku.
Saur rerencangan kuring, aya deui terasanna dugi ka tujuh jilid. Kuring
janten panasaran. Sugan isuk jaganing geto bakal manggihan eta buku terasanna.
Numutkeun simkuring anu bodo dina ihwal sastra, dina ngagambarkeun amarah Wastu
Kancana atawa pajabat nagari Sunda, Yosep kirang kiat sareng henteu nyentuh
emosi. Ari gambaran kahirupan sosial sareng lingkungan baheula Sunda mah karasa
pisan. Beda jeung buku Perang Bubat mah. Meuni karasa mawa emosina.
Ari dina buku Wastu Kancana mah katinggalna loba teuing “jumping ideas”.
Potongan carita sareng alurna numutkeun
kuring mah biasa. Henteu aya anu istimewa atawa aheng. Eta numutkeun kuring.
Bisa janten batur mah lain deui. Keun ah sugan engke buku liyanna kabaca. Ieu tawis lenyepaneun bae. Hatur nuhun. *** (ahmadsahidin)