Jumat, 17 Juli 2015

Zarah Kuring, Boboran Shiam

Ieu mah ngan ukur bahan keur lenyepaneun urang sarerea. Ieu mah dumasar kana hirup kuring. 

Ayeuna mayunan boboran shiam. Karaos beurat kaditu kadieu. Karasa hoream indit kaditu kadieu. Duka teuing kunaon dina boboran taun ieu bet hese ngejat miang ka sarakan. Kuring boga niat dina Romadon ieu hoyong ka Garut, nadran ka biang sareng rama. Hayang zarah ka pun sepuh kuring anu geus almarhum duanana. Ngan asa beurat bae rek indit teh. Asa hese ngalengkah. Nahanya? Naha ieu gogoda zarah kitu?

Ngan kamari dina gerentes kaluar kereteg: zarahna engke bae mun geus loba waktu. Apanan ayeuna mah nyanghareupan gawean maosan buku-buku sajarah Kangjeng Nabi Muhammad saw. 

Padameulan anu parantos diniatan ti mimiti kuliah ka UIN Bandung. Malihan atos diserat dina serat anu diaoskeun ka payuneun pajaratan Kangjeng Nabi yen kuring keur ngeureuyeuh maosan buku-buku sajarah Nabi teras seja bade nalungtik historiografi Sirah Nabawiyah.

Alhamdulillah, atos dua buku anu rengse diaos sarta diserat ringkesan eusi bukuna. Buku anu diserat Tariq Ramadan sareng buku anu diserat ku Karen Armstrong. Tah ayeuna keur ngeureuyeuh maos buku anu diserat ku Annemarie Schimmel. Tilu buku eta sami perkawis sajarah Nabi Muhammad saw. Sugan jeung sugan ieu gawean maos janten amal ibadah sareng tarekah kuring dina nyiar elmu sareng wujud cinta kuring ka Kangjeng Nabi Muhammad saw.

Bilih isuk jaganing geto kuring pondok umur. Kuring ngalangkungan seratan ieu bae bade ngadu’akeun kanggo sepuh kuring sareng zarah ka Rasulullah saw.

Nun Gusti, mugi nangtayungan dina alam barzah kanggo sepuh kuring duana. Mugi diseepkeun dosa-dosana sareng ditampi amal ibadahna. Mun dikuring aya pahala, kanggo sepuh kuring bae. Mugi eta janten panghapus dosa-dosana. 

Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad

Robbighfirli waliwalidayya warhamhuma kama robbayani soghira
Allahummaghfirlahum warhamhum waafihim wa fuanhum wala taftina ba'dahum
wa shalli ‘ala Muhammadin wa aali Muhammad wa 'ajil farojahum
warzuqna fidunyya ziyaratahum, wa syafaatahum fil akhiroh

Assalamu’alaika Ya Rasulullah
Assalamu’alaika Ya Abal Qasim
Assalamu’alaika Ya Habiballah
Assalamu’alaika Ya Muhammad bin Abdullah
Ya Rasulullah, isyfa’lana indallah
Ya Rasulullah, pasihan syafaat kanggo sepuh kuring anu kiwari aya di alam barzah

Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad

Wilujeng Boboran Shiam
Hapunten lahir sinareng batin
Mugi urang sadaya aya dina panangtayungan Allah Ta’ala
sareng kenging barokah Romadon sareng jaga di alam barzah sareng aherat kenging syafaat Kangjeng Nabi Muhammad saw sareng Kulawargana anu suci

Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa ‘ala aali Muhammad
Aamiin Ya Rabbal ‘alamin