Salaam. Sampurasun.
Bagea Ajengan Wira Budiman. Resep ninggal urang Sunda tiasa kana dunya
maya. Mun aya waktos mah nyerat atuh dina kompasiana, ulah sina kosong Pan
janten ‘adam tea lin.
Ajengan Wira nu kasuhun, mugi sehat wal
afiat, cageur tur bener salalawasna. Hampura simkuring jalmi bodo, teu apal
perkawis kasundaan. Hatur nuhun parantos kersa masihan iber anu matak nambih
panimu simkuring.
Saatos ku simkuring diaos. Dibulak balik.
Teras diaos deui. Punten henteu kahartos: asana teh aya anu kirang pas sareng
patarosan abdi. Kirang keuna.
Ajengan Wirabudin, punten abdi henteu
ngartos: naon anu dimaksad “Moal pati-pati aya KECAP bahasa AGEMAN-HAGAMA-AGAMA (NAGARA
KERTAGAMA) upami teu aya jinisna”? Naha eta teh ngeunaan
falsafah yen agama aya kaitanna sareng nagara? Agama naonanu aya di Sunda
baheula? Leres henteu eta teh aseli lokal? Cing pangguarkeun. Ari anu diluhur
mah ku simkuring tiasa kasebat tafsiran. Cing aya henteu ahli filologi anu
parantos nalangtutik yen eta naskah leres-leres otentik.
Punten pisan Ajengan Wira, abdi bade tumaros
:
0) Anu kumaha ari ageman Sunda teh?
1) kumaha sistim keyakinanna atawa teologi na
(naha bersifat tersendiri dan khas sareng henteu sami sareng ageman-ageman anu
aya di sakuliah dunya);
2) naha aya konsep anu nyandak eta ajaran
ageman Sunda (mun dina ageman samawi mah samodel nabi);
3) kumaha bentuk ajaranna sarta aya henteu
kitab sucina anu ngajentrekeun eusi ageman Sunda anu dimaksad ku Ajengan Wira?;
4)kumaha perkawis konsep saatos maot?;
5) mun enya eta ageman teh ageman aseli Sunda
naha urang Sunda kiwari henteu nyepeng eta geman;
6) cing naon kaunggulan ageman Sunda
dibandingkeun sareng ageman samawi?;
7) naha ageman Sunda anu dimaksad teh
ngajamin umatna jaganing mun aya kahirupan saatos maot atawa kiamat tea?
8) naha leres henteu aya pakuat kait atawa
jalur anu ngahubungkeun eta ageman Sunda (anu disebat ku pangersa Wira) sareng
ageman sanes sapertos Hindu atawa Budha atawa nu sejenna?
Ayeuna ngeunaan kalimah: “Naha Urang SUNDALAND, POSEONDEON (PASUNDAN)
Katut BAHASANA, GEUS BOGA AGEMANNANA???…nnNaha Urang SUNDALAND eta teh Urang
INDIA /Bahasana TINA BAHASA INDIA (AGAMA HINDU-BUDHA)???.nnAhli Sejarah anu
Nyebatkeun Kerajaan, Galuh, Sunda, Tarumanagara eta Agama Hindu/Budha, eta Ahli
Sajarah teh sanes AHLI AGAMI, ahlina mung ukur nguat-ngaitkeun Bukti-bukti
Sajarahna.nNangtukeun NAMI Salahsahiji AGAMI keudah ku AHLI AGAMI…sanes AHLI
SAJARAH!!!”
Numutkeun simkuring basa henteu tiasa
dijantenkeun identitas ageman. Hiji basa aya aya di tatar dunya atawa nagari
henteu tiasa dijantenkeun dadasar kanggo negeskeun ayana ageman. Basa mah
leuwih ngeuna kana komunikasi bangsa manusa. Ageman mah tangtosna aya hal-hal
atawa standar anu tiasa disebatkeun yen eta hal kasebat ageman atawa henteu.
Tiasa janten hiji basa tiasa ngawkilan mangrupa-rupa ageman. Sapertos basa Arab
pan tiasa ngawkilan ageman Islam,Yahudi, Nasrani. Kitu deui basa India, tiasa
ngawakilan ageman Hindu, Sikh, sareng sajabana. Basa Cina tiasa ngawakilan
ageman Konghucu, Budha, atanapi Islam oge. Basa mah gumantung anu ngeusian,
ngumantung anu make, gumantung anu nganugunakeun. Mun dina filsafat bahasa mah
aya istilah: bahasa sareng metabahasa. Cing metabahasa tina Sunda mun nya eta
aya ageman aseli, nu kumaha?
Perkawis ahli sajarah anu nyebatkeun
karajaan-karajaan Sunda baheula agemanna Hindu jeung Budha; numutkeun simkuring
wajar. Ahli sajarah teh ahli dina nalungtik. Dina nanglutiikna oge moal
sagawayah: aya standar penelitian anu digunakeun. Tangtosna ilmiah. Kuring
kantos diajar ilmu sajarah di UIN Bandung. Dina ngajentrekeun hiji sajarah
kedah ngagunakeun konteks sosial historis anu baheula ngawujud. Teras mun teu
kapanggih polana, biasana nginjem gambaran konteks sosial historis nagari sejen
anu aya kasamian dina budaya sareng sosial kamasyarakatanna.
Salain ti eta
rupa-rupa disipli elmu oge dianggo. Mun rek nalungtik sajarah ageman tangtosna
kedah apal ngeunaan dasar-dasar ageman sareng rup-rupa ageman manusa. Mun aya
nu sarupa jeung ageman anu aya di dunya tiasa janten eta teh varian tinu ageman
anu atos aya. Simkuring yakin para ahli sajarah terangeun perkawis ageman
waktos nyimpulkeun yen di Sunda agemanna Budha sarta Hindu atawa animisme jeung
dinamisme tea.
Teras perkawis ahli agama? Cing saha anu
dimaksad ahli agama? Aya henteu standarna anu disebat ahli agama?
Ajengan Wira anu kasuhun. Hapunten… pisan.
Manawi tiasa ngajentrekeun. Diantos. Rumaos simkuring mah bodo pisan. Henteu
apal ngeunaan kasundaan. Kitu deui perkawis ageman buhun anu aya di Tatar
Sunda. Boboraah ageman anu aya di tatar dunya, ageman anu dianut kusimkuring
oge henteu apal pisan. Maklum nuju diajar, nuju kokoreh.
Janten emut dawuh Allah tina surah Zukhruf
ayat 78: “… Kami geus ngadatangkeun anu bener ka maraneh, ngan rereana
maranehna ngewa kana eta anu bener….”
Hatur nuhun, cag…. isuk jaganing geto urang
sambung deui. *** (ahmadsahidin)