Simkuring
maca komentar dina hiji milis anu lolobana dieusian ku urang Sunda atawa
rahayat Jawa Barat. Aya hiji member anu ngomentaran perkawis ngimpor: bengsin
ngimpor…. beas ngimpor, agama(?)…. ngimpor oge he he he….”
Mun
diteungeutan mah meh ampir kabeh barang atawa kabutuhan urang Indonesia impor
ti luar nagari. Ti mimiti alat elektronik, kacantikan, bentang pelem, sistem
pendidikan, sampeu, uyah, beas, daging, pakaean, mobil, motor, jeng nu sejenna
aya patalina jeung impor. Ulah salah sangki urang oge pan aya anu bagerak dina
katuangeun samodel kue jeung mi instan eskpor ka luar nagari.
Ari
perkawis ageman mah asa na teh henteu. Kuring sorangan can ngarti tina istilah
impor. Anu disebat impor teh dasarna kana kahayang ti nagari urang yen eta hal
atawa barang anu aya di luar nagari kedah diasupkeun ka nagari urang. Mun eta
definisina, berarti ti urangna anu mikahoyong asup. Lamun dipake ka agama mah
asana teh datang sorangan ka nagari urang: ku para semah. Janten istilahna lain
imfor, ekspor meureun. Tapi eta kudu aya kasepakatan dua nagari atawa
pamarentah atanapi pangusaha mun rek make istilah eta.
Pan dina ageman mah anu
kuring nyaho euweuh anu ngayakeun kasapakatan boh antara urang Sunda jeung anu
nganut ageman ti luar. Ageman bermuatan pulitik atawa janten kasepakatan
saatos urang semah tiasa umajak urang lokal lebet ageman anu dianut ku semah.
Kuring yakin dina cara umajakna oge ku jalan hade. Pan ageman mah urusan
kahadean, maenya jalan sasar anu matak picilakeun. Heueuh ari keur di nagari
luar mah aya perang heula, palagan heula mun embung diajak asup ageman anyar
teh. Ari di nagari urang, khususna Sunda mah teu kacaritakeun. Kalah urang Sunda
sorangan anu lebet ageman anu ti luar teras bae nyebarkeun di masarakatna.
Anu
katalungtik ku abdi mah dina ageman mah teu aya urusanna sareng istilah ekonomi
samodel kitu. Wening tina ati sareng pedah aya pidawuh pepentol agama atawa
Nabi keur nyebarkeun ageman supados anu sanes tiasa kacandak dina jalan anu
leumpueng. Jigana tiap ageman ti luar anu asup oge misina kitu.
Cing
numutkeun baraya Sunda: naha leres di masarakat Sunda teh aya anu disebat
ageman asli; produk lokal? Sakaterang abdi mah, anu disebat Ageman Wiwitan
Sunda atawa aliran perjalanan anu kiwari disebat aliran kepercayaan eta ajaran
sareng ritual na deukeut ka agama sapertos Budha, Hindu, sareng Majusi (nu ieu
ampir sami anu ku madrais di Kuningan dijalankan: muteran seuneu). Mun dipaluruh
dina sajarah deui, pan urang Sunda teh aya hubunganna sareng urang India.
Mangga geura guar deui asal usul urang Sunda sareng sajarah Karajaan
Tarumanagara pan dina buku sajarah mah disebatna karajaan Hindu.
Tah,
kuring naros deui ka baraya: naha aya kitu ageman anu asli ti nagari urang
atawa anu asli produk lokal (Sunda)? Jigana mah kedah maluruh heula definsi
(hakikat) aseli. Ah keun engke isuk jaganing geto aya anu medar eta. Kuring
ngabandungan bae. Rumaos bodo. Tangtos kedah janten lenyepaneun.