Rabu, 30 September 2020

Perkawis Paham Islam (na) Muslim IJABI

Sampurasun... Ieu mah ukur bewara kanggo anu resep ngaji kaislaman di Indonesia. Simkurinng bade babagi perkawis mazhab atanapi paham Islamna urang Syiah anu aya di nagari urang. Ngan anu bade didugikeun paham Islamna urang IJABI anu katelahna Ijabiyyun, anu hartosna Muslimin Syiah ti masyarakat Islam anu ngiring orhanisasi IJABI (Ikatan Jamaah Ahlul Bait Indonesia).

Pupuhu IJABI anu pangluhurna Kyai Haji Doktor Jalaluddin Rakhmat anu kawentar Kang Jalal. Anjeuna numutkeun simkuring tiasa kasebat salaku tokoh Islam (ulama) Syiah di Indonesia. Mun nilik kana obrolan jeung guaran na seminar anu kantos ku simkuring ngiring mah Kang Jalal teh paham (mazhab) Syiahna Duawelas Imam anu katelahna Imamiyyah atanapi Itsna Asyariyah. 

Minggu, 27 September 2020

Kontribusi Urang Islam na Kaelmuan

Sanajan urang Islam (Abad 8-16 Masehi) harita aya dina kakawasaan karajaan-karajaan, tapi aya kontribusina dina widang kaelmuan. Diantawisna widang filsafat, tasawuf, elmu kalam (teologi), ushul fiqih jeung fiqih, tafsir Al-Qur'an, ulumul Quran, elmu kesehatan, kimia, astronomi, sajarah jeung biografi, hadis jeung ulumul hadis, arsitektur, sastra jeung widang anu sejenna.

Sabtu, 26 September 2020

Ngeunaan Al-Hasan jeung Al-Husain

Sabada ‘Ali bin Abu Thalib ngantunkeun, aya sababaraha urang Islam anu netepkeun Al-Hasan putra ‘Ali (putu Kangjeng Nabi) salaku khalifah. Aya oge anu ngangkeun Muawiyah salaku pamimpin. Al-Hasan sakulawargi linggihna di Madinah sareng rayina, Al-Husen. Al-Hasan dina sikep sareng laku lampahna ngajalankeun ukhuwah papada urang Islam. Kumargi kitu Al-Hasan alim patelak ngalawan Muawiyah. 

Sanajan Al-Hasan gaduh jalmi-jalmi anu loyal, tapi henteu digerakkeun kanggo palagan. Anjeuna estuning hoyong ngajagi babarayaan papada urang Islam. Malihan anu ngewa ka Anjeuna oge diantep bae. Estuning sobar jeung kiat dina nandangan kasusah.

Jumat, 25 September 2020

Saqifah jeung Khulafa Rasyidun

Dina sajarah disebatkeun mimitina kaum Muhajirin jeung Anshar milih Abu Bakar ku cara baiat di Saqifah Bani Saidah. Umar bin Khaththab anu ngawitan baiat ka Abu Bakar waktu harita di Saqifah (poenan pupusna Rasulullah saw); harita teh kulawarga Nabi keur ngurus layon Kangjeng Nabi janten henteu ilubiung dina urusan pulitik. 

Saparantos macaan buku ngeunaan sajarah ba'da pupusna Kangjeng Nabi Muhammad Saw, simkuring janten terang suksesi pamilihan pamingpin umat di Madinah henteu puguh konsep jeung katangtuanna. Henteu aya tiori anu eces ngeunaan pamilihan pamingpin umat Islam. Sareng katinggalna ngan ngiring kana reangna jalma harita. Padahal mah agama Islam kalebet kumplit dina widang kahirupan manusia. Naha henteu ngiring kana ajaran Al-Quran atanapi hadis Kangjeng Nabi dina urusan kapamimpinan umat? Tah perkawis ieu sae mun dipaluruh deui janten riset ilmiah.