Sabtu, 29 Agustus 2026

Wilujeng Milangkala

Sasih Agustus sikuring medal. Kitu deui pun Guru anu kiwari kantun carita jeung tuladeun kuring. Sikuring mah awalan, alkisa. Pun Guru mah akhiran cakeut panungtung.

Milangkala teh kedahna milang padung. Ngitung umur. Geuning masih keneh kieu. Goreng patut keneh laku kuring. 

Duh, kuring anu kajaring ku kurung. Sikuring anu tacan patepang kurung. Sikuring miang ka pajaratan. Nyirnakeun raga sareng rasa, dijajapna ku doa jeung shalawat.

Wilujeng milangkala ka sadaya wargi anu sasih agustus tepang taun, ngirangan umur. Ngadago dago wates anu pasti ti Gusti Nu Mahasuci. Sakedahna urang papada sadar rehna dunya sakedap.

Nun Gusti, hapunten sikuring masih keneh kajaring ku kurung. Hampura ka sadayana. Neda piduana: salamet dunya aherat. Aamiin.