Selasa, 07 Mei 2019

ELMU JEUNG REZEKI

Mun diemutan sok karasa capena diajar. Lain perkawis waragad hungkul anu janten kacape pikiran, malihan dina ngalakonanna oge karasa abotna. Ieu panginten sababna nyiar elmu dina agama Islam kaasup wajib sarta meunang ganjaran anu ageung. Mun diteungeutan dina hadis, anu loba diparentahkeun ka sakabeh umat Islam ngan perkara nyiar elmu. 
Simkuring mun  ngalakonan  proses diajar sok karasa nyut-nyutan dina hulu kuring sarta sok teras lungleung mikiran; hiji pasoalan tiori nu kedah tiasa paham dina waktos singket. Bulak balik macaan buku. Hiji buku tuluy mapai buku sejen nu jejerna sarua.

Perkawis kasab neang rezeki keur sapopoe mah urusan Gusti Allah. Anjeuna anu masihan. Urang mah kantun usahana. Anu nangtoskeun gede leutikna rezeki mah Gusti Allah. Anjeuna anu terang pangabutuh urang di dunya. 

Kuring yakin kana pasualan rezeki ti Gusti Allah: sabab loba keneh rezeki anu datang hanteu dipenta, batan anu dipenta. Ngan orokaya dina urusan ieu hate kuring sok teu pati percaya. Duh, ieu meureun anu janten hahalang asihna Gusti Allah ka simkuring; mugia Allah ngahapunten kana sagala rupi dosa simkuring.

Ieu meureun anu disebat riyadhah, pangajaran dina ibadah sareng kumawula ka Allah. Ieu meureun anu disebat tingkatan dina sufi atanapi spiritual. Ieu meureun hakekat hirup kedah ngalakonan kahirupan luyu sareng karido Allah. Ieu tea nu disebat ngahijikeun karep (kuring) jeung karep (Allah): manuggal ngahiji janten saucap salampah jeung saigel sarendeuk dina nyorang kahirupan. Ngan orokaya dina kahirupan mah anggeur bae purat perot sareng jungkir balik.

Karasa beurat mawa anu ngancik dina hate jeung pikiran. Ka saha atuh menta tulungna? Geuning langkung karasa beurat mawa pipikiran batan barang bawaan mah. Karasa capena mawa pikiran atawa masalah dina uteuk batan beungbeurat barang bawaan dina punduk mah. Karasa beuratna barang bawaan anu teu nyampak. Naon eta teh? Tah ieu kedah janten lenyepaneun.

Allahumma Bihaqqi Muhammad wa aali Muhammad
Nun Gusti Nu Mahasuci, Nu Mahawelas, Nu Mahaasih
Nun Gusti Ngan ka Anjeun kuring tumamprak
Nyanggakeun sadaya masalah nu tumiba ka simkuring
Mugi enggal tiasa aya solusi nu henteu matak nyandak mamala dina kahirupan dunya sareng aherat

Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa 'ala Aali Sayyidina Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa 'ala Aali Sayyidina Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa 'ala Aali Sayyidina Muhammad

(ahmad sahidin)