Senin, 05 Februari 2018

Pangalaman Sakola di Pascasarjana

Sakola pascasarjana mah anu kungsi dilakonan tugasna langkung seueur sarta loba ngaktifkeun diri. Sapertos nyerat resume, critical review, makalah, sareng paper. Karaos pisan abotna mun ditugaskeun kanggo resume buku tina basa sejen. Dua padamelan nu kudu dilakonan: narjamahkeun heula saatos kitu ngamahamkeun diri kana eta eusi buku, teras milihan poin-poin anu kiat dina eta buku. Mun critical review mah, salain anu geus disebatkeun, kantun nambihan kritik. Karaos abotna mun eta buku kawilang kandel sareng widang elmu anu nembe diajar.

Emang aya taktik dina maca jeung ngaguar. Namina skimming. Ngan orokaya mun keur kuring mah mun henteu diaos dugi pungkasan kirang bisa metakeun eusina. Margi kitu kuring maksakeun maneh bae maos dugi pungkasan, sanajan diburu-buru waktos dina ngumpulkeunna.

Dina saminggu tiasa unggal mata kuliah aya tugas. Sarta sok benten-benten tugas. Komo deui kiwari mah anu ngajarna make tim teaching. Hiji matakuliah biasa diampu dua dugi tilu dosen. Orokaya unggal dosen biasana masihan tugas anu bareda. Lumayan janten ngupleuk tungkul ngorehan elmu dina buku-buku sareng jurnal. Komo deui mun waktosna ditangtukeun mah karasa pisan hut het dina nyeratna.

Kabiasaan nyerat sareng maos nu digeuyeur di sakola pascasarjana. Wawasan urang kedah seueur kubacaan sabangsaning buku atanapi jurnal ilmiah. Teras nyerat oge henteu asal nyerat. Tapi kedah aya rujukan nu tiasa dipertanggeungwalerkeun. Aya pakem ti dunia ilmiah yen kedah ngarujuk ka sumber primer sareng anu nyeratna oge kedah ahlina, teras dina akademik saluhureun urang. Mun ngandeulkeun internet atawa seratan anu kirang dikebal dina widang akademis atanapi anu sanes ahlina mah, ku dosen sok langsung dipiwarang nyerat deui. Komo mun plagiat mah langsung digeuleuneung harita keneh. 

Salian ti maos buku sareng nyerat, hiji deui anu dibiasakeun nyaeta sawala. Ieu mah padungdeng utek sareng kamandang urang jeung para dosen atanapi babaturan ngeunaan anu ku urang diserat dina makalah. Durdeur hoghag bae dina kaelmuan. Sanajan kitu henteu nepi silih benduan. Sawala mah estuning dina raraga ngasah utek urang. Didinya urang bakal luber manah tiasa ngaragap manah, sareng tiasa nampi aya kamandang anu benten papada batur urang. Didieu pisan kedah wijaksana. Tangtos pangalaman kitu di sakola luhur teh kedah janten lenyepaneun keur urang nyorang kahirupan sapopoe. 

Bentenna anu lian tinu atos diguar mah dina sual waragad. Kanggo meser buku sareng nge-print teras ngopi keretas kedah gaduh waragad khusus. Kedah sasadian waragad anu cekap sareng khusus kanggo kuliah. Ulah dugi ka paciwit jeung urusan dapur atanapi rumah tangga. Janten emut ka filsuf Yunani anu diajar mah kedah anu atos sayogi teras henteu gaduh pacabakan sanes iwal ngalap elmu. Ngan anu kitu kanggo anu beunghar. Simkuring mah, pabetot jeung urusan kulawargi katut rumah tanggi. Sanajan kitu syukur ka Allah Ta'ala yen simkuring tiasa rengse sakola master. 

Tah sakitu. Mugi simkuring tiasa teras nanjeur dina ieu ngajalanan nyiar elmu di widang sajarah jeung kabudayaan Islam. Cag....

Allahumma shalli 'ala Sayyidina Muhammad wa 'ala Aali Sayyidina Muhammad