Minggu, 03 Januari 2016

Maulid Diba jeung Barzanji di Lembur

Di Garut lembur simkuring, biasana ping 1 dugi 11 Rabiul Awwal biasana maos kitab al-Barzanji sareng Maulid Diba. Unggal ba’da netepan magrib sasarengan jeung barudak dugi ka isya. Teras enjingna disambung deui, nepi ka rengse dua kitab eta diaos unggal ba’da maghrib.

Kiwari linggih di Bandung, hanteu mendakan anu maos Barzanji atanapi Maulid Diba. Komo deui anu raeng maos pupujian. Ngan anu sholawatan mah masih keneh kakuping raeng. Eta oge mun sabada maghrib ngantos solat isya. Pupujian jeung zikir unggal subuh. Ngan teu rotin kakuping. Eta oge anu maoskeunna kolot. Sora barudak mah tacan pati kadangu. Duka kuring can kawenehan kitu. Ah, anu penting mah aya keneh anu maos sholawat bae.

Sanajan rorompok kuring caket pasantren, tapi hanteu ka kuping aya anu maos Maulid Diba sareng Barzanji mah. Ngan ari pupujian mah aya keneh. Masih keneh raeng barudak jeung kolot ngahaleuang.

Bejana aya ormas Islam anu ngaharamkeun maos kitab Barzanji sareng Maulid Diba, katut Pupujian ka Kangjeng Nabi Muhammad saw. Kacida mun heueuh. Dina enyana oge teu nanaon. Nafsi-nafsi bae. Amal kuring keur abdi, amal maranehna moal keur manehna. Ngan asa kumaha kitu.

Sanajan aya anu nyaram, acara Maulid Kangjeng Nabi Muhammmad saw mah teras bae aya dugi ayeuna. Kalebet simkuring anu sok ngahajakeun ngaluuhan kana majelis Maulid Nabi anu diayakeun di tempat kuring damel. Malihan pamarentah RI oge sok ngayakeun unggal taun.  Hayu ah urang ngamumule cinta urang ka Rasulallah, Nabi Allah, Kangjeng Nabi Muhammad saw.

Assalaamu’alaika  Ya.. Rasulullah;
Ya Imamurrohmah,
Ya Sayyidana wa Maulana….
Inna tawajjahnaa was tasy fa’naa  
Watawassalnaa bika ilallaah
Waqaddamnaaka baina yadai haajaatinaa
Ya wajiihan ‘indallaah; isyfa’lanaa ‘indallaah

(ahmad sahidin/25-12-2015)