Rabu, 17 Desember 2014

Nyiar Elmu Kawilang Penting

Dina hadis-hadis jentre nyiar elmu kawilang penting. Islam merhatoskeun pisan. Ti mimiti gubrak lahir ka alam dunya dugi rek diasupkeun kana liang kubur. Urang Islam kawilang wajib dina nyiar elmu. 

Ngan orokaya sanajan dipepende ku ayat Quran atanapi hadis Kangjeng Nabi Muhammad saw oge mun urang teu kuat dina waragad mah sok janten merod. Memang aya dua model na diajar: formal jeung non formal. Ngan duanana oge butuh pangorbanan dina waktu sareng waragad keur ngadukung dina kalancaran ngalap elmu.


Komo deui mun geus rumah tangga. Pabetot-betot jeung neangan waragad keur dapur. Mun ngahajakeun ngawawani maneh asup kuliah karasa pisan hesena dina urusan nyiar waragadna. Ieu anu ku simkuring ka alaman pisan. Asalna gawe full, mun kapotong kuliah janten henteu full. Tangtos dina waragad henteu full oge. Memang aya nu kelas karyawan. Nu kitu model awis kawilang mun dibandingkeun jeung nu reguler. Nya kapaksa keur simkuring nu kirang dina sual waragad karasa abot. Kulantaran kitu ngiluna kana nu regular. 

Ngan tetep karasa pisan sesah dina neangan waragadna. Janten aya dua anu kedah diperhatoskeun: dapur kulawarga sareng urusan kuliah samodel bayaran samesteran teras biaya prin katut fotokopi sareng buku-buku referensi. Leung karasa lieurna mun mikiran kana eta perkara, hususna waragad kuliah. Mun nghususkeun kuliah, urusan dapur moal ka hontal. Ret kana pangabutuh elmu sareng mayunan kahirupan, karasa pisan jangar bin lieurna.

Beasiswa

Halah nu kitu langki kabina-bina. Nu lulus beasiswa biasana nu cakeut atawa nu gaduh link ka pajabat nu ngurus eta beasiswa. Simkuring kantos ngiringan na eta beasiswa, Ngiringan ti awal mula, saringan administrasi dugi tes tulis. Kuring yakin pisan bakal asup sabab ngarasa bisa kana ngeusi soal-soal yang diujikeun. Sabada tes eta mun teu salah dugi sasih kuring ngantosan. Pas poena, ditingali. Euh teu asup. Ngan naha hasil tes nilaina teu teu bewarakeun. Tuluy kuring tataros ka babaturan nu baheula ngilu beasiswa nu lulus. 

Babaturan kuring nyarios yen nu arasup ti anggalna geus ditangtoskeun saha bae jalmana. Janten seueur titipan ti unggal pajabat kampus dugi ka pajabat kamanterian. Pok wae kuring nyarios: kaasup didinya? Manehna ngaheueuhkeun. Mun nyaho kitu ti anggalna mah kuring moal ngiluan. Lebar beak duit lima ratus rewu keur ngiluan tesna (asa aneh ongkoh beasiswa tapi ujianna kedah mayar? Lieur ah eta aturan).


Urusan kuliah haratis lain ngan hungkul beasiswa ti nagari urang hungkul. Cenah aya oge ti luar nagari. Orokaya eta beasiswa keur nu palinter jeung anu tes basa asingna anu nilaina gede. Kuring nu boga modal niat ibadah dina kaelmuan mah ngan bisa ngegel curuk. Hayang diajar basa deungeun. Ret deui kana waragad, leung deui. Cenah loba nu bisa alatan otodidak. Nya eta jalma nu ngahususkeun diri. Nya jigana mah pasualan katekunan. Insya Allah, hal eta oge bade dicobian ku simkuring.


Ngan nu teu kapikiran: naha beasiswa keur jalma nu palinter? Naha henteu aya keur nu bodo jiga simkuring nu boga niat diajar. Pan diajar supados pinter, calakan. Ari nu geus calakan sareng pinter mah apanan teu kedah diajar deui? Malihan mah teu kedah aya beasiswa. Tacan aya nu mikir dugi ka dinya; yen beasiswa kuduna dipasrahkeun ka jalma nu bodo nu boga niat buled dina kaelmuan sareng henteu mampu dina biaya. Jiga kuring (hahahaha); ah eta mah ngan hungkul impian kuring. Tah eta oge kedah janten lenyepaneun urang sarerea.


Alhamdulillah, kuring ayeuna nuju ngawitan kuliah. Maksakeun diri sanajan kirang dina waragad sareng hanteu lebet kana kategori jalma calakan. Kuring maksakeun sanajan nuju purat perot dina kahirupan sadidinten. 


Allahumma shalli 'ala Muhammadin wa aali Muhammad
wa akhrijnii minalhammilladzii anaa fiih; birahmatika yaa arhamar rahimiin

Nun Gusti, mugi aya bonglongan ka simkuring...
Nun Gusti.... abdi masrahkan sagala kahirupan kuring miwah kulawargi;

Nun Gusti Mugi dipasihan kakiatan kanggo simkuring nu keur ngalap elmu; boh dina waragad sareng kasabaran dina ngajalankeunna.

Nun Gusti mugi teras aya bongbolongan kanggo abdi dina nyiar pangabutuh kahirupan sadidinten sareng keur kapayunna.

Nun Gusti, kuring masrahkeun sadaya-daya; ngan tiasa kieu hungkul kuring; ngan tiasa tamada sareng ngorehan sacekapna nu kabadanan; tacan tiasa mesat ngawang-ngawang. Ngajangelek janten manusa nu luhung ku elmu, ageung pangajenna, cekap kaditu kadieu dina rezeki. 

Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa aali Muhammad; 
Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa aali Muhammad; 
Allahumma shalli ‘ala Muhammad wa aali Muhammad.

(mugi aya nu kersa ngiring nga-aminkeun) 

Bandung, 17-12-2014
ahmad sahidin