Rabu, 18 November 2020

Ngeunaan buku As-Sirah An-Nabawiyyah libni Hisyam

Ibnu Hisyam disebat ahli sajarah anu neraskeun kitab Sirah Ibnu Ishaq. Anjeuna ngumpulkeun deui riwayat ngeunaan tarikh Rasulullah Saw janten hiji kitab anu katelah Sirah Ibnu Hisyam. 

Ibnu Hisyam lengkepna Abu Muhammad Abdul Malik bin Hisyam bin Ayyub Al-Himyari Al-Muafri Al-Basri. Babarna di Bashrah. Ageung jeung nyiar elmu di Mesir dugi pupusna (13 Rabiul Awwal 218 H./834 M.). Ibnu Hisyam, numutkeun simkuring, parantos ngagunakeun metode na rekonstruksi sajarah. Nyaeta heuristik ku cara milihan mana wae riwayat anu numutkeun Ibnu Hisyam relevan sareng narasi Sirah Nabawiyah. Dina nangtukeun mana anu kedah lebet jeung heunteuna gumantung kana interpretasi (imajinasi) anu lebet na pikiranna. Salajengna kabuktos hasil  tinimbang jeung kamandang ngeunaan tarikh Nabi Muhammad Saw na kitab As-Sirah An-Nabawiyyah libni Hisyam

Mun ditempo kalawan dibaca satiap guaran anu midang na kitabna, Ibnu Hisyam sami sapertos Ibnu Ishaq sareng Ath-Thabari anu muka guaran sajarah Nabi Muhammad Saw dikawitan ku silsilah anu dugi ka Nabi Adam as sarta kaayaan sabuderan Jazirah Arabia, sapertos Yaman jeung Syam, Romawi katut Palestina jeung Mesir. Sajarah nagari eta, anu patali jeung abad ka-6 diguar ku Ibnu Hisyam. Hususna ngeunaan Abrahah jeung karajaan anu pakuat pakait jeung manehna. Dugi ka urusan bendungan Maarib di Yaman anu mudal jeung caah ka rahayat Yaman oge diguar numutkeun carita lisan urang Arab. Teras agama Nasrani anu nyebar ka Jazirah Arabia, utamina di Najran, oge diguar. 

Ngeunaan agama Nasrani, aya carita hiji jalma soleh. Faimiyun namina. Barangtuang na tina hasil damel nyalira. Alimeun mun dipasihan. Hoyong hasil kesang sorangan. Dina tujuh dinten, poe ahad dianggo husus ibadah. Salain ti ahad, anjeuna janten padamel wangunan jeung sok dipenta doa ku rahayat anu masakat. Aya anu geuring teras dipenta doana. Teu lila barang beres ngadoa, anu geuring eta cageur. Loba anu daratang menta tulung ka Faimiyun. Ku sabab janten arapaleun manehna sok diijabah mun ngadoa, loba anu daratang ka Faimiyun. Anjeuna sadar yen eta laku bakal ngajadikeun ngandelkeun dirina. Kusabab kitu Faimiyun saatos masihan peupeujeuh ngeunaan anu kedah disembah jeung kudu dipenta tulung teh Allah, manehna indit ninggalkeun eta nagari. Teras asup ka nagari sejen dugi ka Najran anu di Arab kawentar daerah anu mayoritas Nasrani.

Dina eta guaran, agama Nasrani anu dianut ku Faimiyun katingalna cakeut sareng konsep monothiesme na ajaran agama Islam. Disebatkeun ku Ibnu Hisyam yen saparantos pupus Faimiyun, urang Nasrani janten nyepeng ajaran Trinitas. 

Saatos maca Siroh Ibnu Hisyam, numutkeun kuring sami bae sacara umum sareng Ibnu Ishaq. Malihan syair oge masih aya na sababaraha halaman. Ngan henteu loba jiga Ibnu Ishaq. Diantawis syair anu midang aya syair ti Abu Thalib anu eusina nembrakkeun kaayaan situasi Makkah jeung kamandangna perkawis pepentol Quraisy jeung pujian kanggo lima tokoh anu wani ngagugat sahifah anu nyababkeun boikot. Perkawis syair Abu Thalib ieu mun diriset akademik katingalna sae rehna realitas historis (fakta) sanes wae dina narasi (prosa atanapi riwayat), tapi aya oge na syair. Dirisetna babanding antawis Ishaq, Hisyam jeung Thabari.

Ngan dina aspek sajarah Nabi Muhammad Saw anu dipidangkeun Ibnu Hisyam henteu fokus kana carita kahirupan Rasulullah Saw. Malihan loba narasi sajarah anu nyaritakeun kautamian sohabat, kalakuan urang Arab jeung carita-carita ngeunaan urang Yahudi. 

Aya anu kedah janten tafakuran urang sadaya tina eusi kitab Sirah Ibnu Hisyam. Nyeta ngeunaan Nabi sok marentah jalma kanggo janten wakil mun keur kaluar Madinah atanapi nunjuk anu janten imam shalat jamaah. 

Diantawis na nuju bade hijrah ka Madinah. Nabi nitipkeun kulawargi jeung urusan anu acan beres ka 'Ali bin Abu Thalib ra. Kitu deui nuju merangan Bani Sulaim saatos Perang Badar, netepkeun Siba bin Urafthah Al-Ghifari salaku imam shalat jamaah salami tujuh poe. Nuju perang Sawiq di Madinah anu ditunjuk janten imam shalat ku Nabi nyeta Abu Lubabah anu nami aslina Basyir bin Abdul Mundzir. Nuju merangan kaum Ghathafan anu ditunjuk janten imam di Madinah nyeta Utsman bin Affan. Kitu deui nuju perang Al-Furu' di Buhran nunjuk Ibnu Ummu Maktum salaku imam di Madinah. Harita nuju ngepung kaum Yahudi Bani Qainuqa salami lima welas dinten anu ditetepkeun salaku imam di Madinah nyeta Basyir bin Abdul Mundzir. Nalika angkat ka Uhud, Nabi miwarang Ibnu Ummi Maktum kanggo janten imam di Madinah salami Nabi palagan di Gunung Uhud. Nalika angkat ka Hudaibiyah, Nabi miwarang Numailah bin Abdullah Al-Laitsi salaku imam di Madinah. Numailah oge ditetepkeun imam nalika Nabi angkat ka Khaibar. Abu Rahm bin Hushain bin Utbah bin Khalaf Al-Ghifari ditetepkeun ku Nabi salaku imam di Madinah nalika kajadian futuh Makkah. Kangjeng Nabi netepkeun Attab bin Usaid salaku wakilna di Madinah nalika umroh taun dalapan hijiriah. Kitu oge harita basa angkat palagan ka Tabuk, Nabi netepkeun Muhammad bin Maslamah Anshari salaku wakilna di Madinah sareng 'Ali bin Abu Thalib diamanatan ngajagi kulawargi Rasulullah Saw di Madinah. Na sumber sanes, salian ti Ibnu Hisyam, disebatkeun sabada uih ti haji wada' yen Nabi Muhammad Saw kungsi netepkeun 'Ali bin Abu Thalib salaku mawla urang Islam. Perkara na buku Ibnu Hisyam anu tarjamah na basa Indonesia anu dimedalkan Darul Falah Jakarta mah teu lebet. Kitu oge bagean mulang ti Tabuk oge teu aya guaran sajarahna. Tangtos anu leungit kitu kedah janten pikiraneun urang anu garaduh elmu jeung wantun nalungtik sacara ilmiah.

Balik deui kana kabiasaan Nabi netepkeun pamimpin anu ngagentos samentara. Boh na urusan agama atanapi ekspedisi jeung anu tanggungwaler di nagari Madinah. Hal eta janten tanda kadudukan pamimpin kawilang penting. Tiasa ditapsirkeun yen Kangjeng Nabi henteu ninggalkeun kitu bae umatna. Pasti netepkeun jalmi anu tanggung waler na hiji urusan. Dina nangtoskeun na henteu sagawayah jalmi ditunjuk. Janten henteu dipasrahkeun kitu bae ka umat. Tah dina ieu perkara kaharti sabab manusa teu tiasa leupas tina panutan jeung pituduh keur ngalakonan kahirupan sadidinten. Komo deui ieu perkara anu patali sareng agama, tangtos Nabi Saw moal sagawayah masrahkan amanat mun sanes ka jalma anu leres-leres masagi.

Masih keneh na Sirah Ibnu Hisyam. Bagean Hudaibiyah aya kajadian anu nunjukkeun Kangjeng Nabi Muhammad Saw jalmi anu dipikacinta ku sohabat-sohabat. Nuju istirahat bade ibadah ka Baitullah, Makkah. Nyandak rombongan urang Islam seueur. Disangki ku urang Makkah bade merangan. Kumargi kitu pihak Makkah nahan heula rombongan Kangjeng Nabi Saw supados henteu bisa lebet ka Makkah. Utusan urang Makkah harita Al-Hulais bin Alqamah dugi ka Rasulullah Saw. Didugikeun sanes bade perang, tapi ibadah ka Ka'bah. Saatos didugikeun kitu, urang Makkah tetep teu percaya. Ngutus deui jalma nyeta Urwah bin Mas'ud Tsaqafi. Sami anu didugikeun Kangjeng Nabi Saw bade ibadah sanes perang. Urwah henteu langsung balik ka Makkah. Urwah nguriling ninggal kaayaan rombongan urang Islam. Nalika dugi ka waktos shalat, Urwah ninggal sohabat-sohabat parebut cai tilas wudhu Kangjeng Nabi. Ciduh Kangjeng Nabi Saw diboro sarta rambut anu murag oge diampihan ku maranehna. Urwah ngarasa heran ku laku lampah urang Islam anu ngajantenkeun Nabi Saw manusa suci. Hasil obrolan katut anu ditempo harita dicaritakeun ku Urwah ka kaom Quraisy Makkah. Urwah masihan peupeujeuh supados dipasihan waktos bae kanggo ibadah urang Islam ka Ka'bah. Ngan pihak Quraisy Makkah henteu panuju kalah jieun parjanjian anu eusina kedah ngabedokeun ibadah ka Ka'bah na taun harita.

Sateuacan na, Kangjeng Nabi miwarang Usman bin Affan ka Makkah supados ngadugikeun rencana ibadah urang Islam. Sanes bade merangan urang Makkah. Ngan harita Usman ditahan teu tiasa mulang ka tempat Rasulullah Saw. Diantawis urang Islam geunjleung iber Usman dipaehan urang Makkah. Harita urang Islam nyieun janji taat ka Rasulullah Saw dugi paragat nyawa. Disebatna baiat ar-ridwan anu dilakukeun dihandapeun tangkal kai. Torojol aya bewara yen Usman masih jumeneng sehat. Katingalna na perkawis baiat ieu urang Islam acan nerapkeun prinsip tabayun atanapi ceck in recheck. Keuna ku hoax mun istilah kiwari mah. 

Pihak Makkah miwarang Suhail bin Amr keur ngayakeun parjanjian jeung Kangjeng Nabi. Eusi na salami sapuluh taun genjatan senjata (teu ngayakeun perang), urang kenging ibadah ka Baitullah ngan taun hareup na jeung salami kabeungkeut ku parjanjian Hudaibiyah. Urang Makkah anu kabur ka Madinah kedah dipulangkeun ka Makkah. Sabalikna  mun aya anu babalik kayakinan teu kenging diuihkeun. Jeng hal sejenna. Anu saliwatan keur Umar bin Khaththab eta eusi parjanjian ngarugikeun urang Islam. Umar teu nampi dugi mangmang dina kanabian Muhammad anu harita nyebatkeun kaputusan eta dumasar parentah Allah. Kahartos ku parjanjian Hudaibiyah, saestuna kadudukan urang Islam parantos naek janten hiji kaom anu gaduh kakiatan jeung kawasa di Jazirah Arab. Salajengna na kirang ti sapuluh taun pihak Makkah parantos sababaraha kali ngalanggar. Ahir na pihak Makkah diserang dugi kawon ku urang Islam nalika Futuh Makkah. Seueur urang Makkah anu asup agama Islam sarta Ka'bah janten milik urang Islam. Tangtos benten ngeunaan keislaman anu assabiqunal awwalun sareng anu sabada Futuh Makkah. Sanajan kitu Kangjeng Nabi Saw henteu pilihkasih, sadayana diaku umat Islam. Sabab kamuliaan manusa mah ditangtukeun ku katakwaan ka Allah. 

Guaran sajarah na Ibnu Hisyam sabada Futuh Makkah, kajantenan nyerang ka Tabuk. Teras oge ka Hawazin, Tsaqif, Thaif, ngintunan utusan umajak ka nagari jeung kabilah anu aya di Jazirah Arabia. Kitu oge Nabi kungsi males serat ka Musailamah anu ngangkeun Nabi. Serat-serat ti Nabi anu eusina umajak ka agama Islam dikintun ka raja-raja jeung pamimpin kabilah. Mun dilenyepan eusina langsung to the point umajak kana kasaean. 

Kitu oge guaran haji wada'. Kangjeng Nabi sabada eta ibadah katarajang panyakit anu saterasna pupus. Guaran ngeunaan pupus Nabi dipungkas ku patelakna kaum Anshor jeung kaum Muhajirin. Di Saqifah eta kajantenan na. Ti kumpulan eta Abu Bakar dijantenkeun khalifah. Kacatur 'Ali, Zubair, Thalhah sareng Ahlulbait Nabi mah ngurus layon dugi dikurebkeun na poe salasa wengi. 

Panungtung buku Sirah Nabawiyah li ibni Hisyam, anu diaos dugi rengse yen kaca bagean ahir na dipapaes ku syair-syair ngeunaan pupus Rasulullah Saw. Di antawis na ti Zaid bin Tsabit jeung sohabat sanesna. Atos sakitu ringkesan eusi buku na. Cape ah macana dua buku eta masing-masing sakira genep ratusan kaca kandelna. Cag! *** (ahmad sahidin)