Ibnu Hisyam disebat ahli sajarah anu neraskeun kitab Sirah Ibnu Ishaq. Anjeuna ngumpulkeun deui riwayat ngeunaan tarikh Rasulullah Saw janten hiji kitab anu katelah Sirah Ibnu Hisyam.
Ibnu Hisyam lengkepna Abu Muhammad Abdul Malik bin Hisyam bin Ayyub Al-Himyari Al-Muafri Al-Basri. Babarna di Bashrah. Ageung jeung nyiar elmu di Mesir dugi pupusna (13 Rabiul Awwal 218 H./834 M.). Ibnu Hisyam, numutkeun simkuring, parantos ngagunakeun metode na rekonstruksi sajarah. Nyaeta heuristik ku cara milihan mana wae riwayat anu numutkeun Ibnu Hisyam relevan sareng narasi Sirah Nabawiyah. Dina nangtukeun mana anu kedah lebet jeung heunteuna gumantung kana interpretasi (imajinasi) anu lebet na pikiranna. Salajengna kabuktos hasil tinimbang jeung kamandang ngeunaan tarikh Nabi Muhammad Saw na kitab As-Sirah An-Nabawiyyah libni Hisyam.