Sabtu, 08 Agustus 2020

Tarikh Kangjeng Nabi: Perkawis Ghadir Khum

Kirang langkung saratus dua puluh rebu urang Islam anu parantos ngarengsekeun ibadah haji wada sareng Kangjeng Nabi Muhammad saw, eureun di hiji talaga anu katelahna Ghadir Khum. Tempatna antawis Makkah jeung Madinah. Salman al-Farisi, sohabat Nabi, dipiwarang ngeumpeulkan urang Islam sangkan eureun heula didinya.
Rombongan jamaah haji tumut bae. Sabab geus terangeun waktos hutbah arafah Kangjeng Nabi nyebatkeun sakedap deui mulih kajati mulang ka asal.

Dina buku "Sejarah Nabi Muhammad Saw" anu diserat ku Syaikh Jafar Subhani disebatkeun Kangjeng Nabi di Ghadir Khum [3 mil ti Makkah] ping 18 Dzulhijjah 11 Hijriah masihan khutbah payunan urang Islam anu mulih haji.

Saba’da masihan wejangan perkawis kaimanan sarta hirup babarengan papada umat Islam ku jalan silih hargaan silih hurmat, Kangjeng Nabi masihan amanat pusaka anu kedah dicepeng ku umat Islam. Kanjeng Nabi nyebatkeun Kitabullah sareng Itrah Ahlulbait Rasulullah saw anu kedah dirujuk sareng dijantenkeun sumber dina urusan agama sareng kahirupan Islam.

Teras Kangjeng Nabi ngadu’akeun Ali bin Abu Thalib: “Ya Allah pikaheman jalma-jalma anu mikaheman ‘Ali. Jadikeun musuh anu ngamusuhan Ali.”

Salajengna Kangjeng Nabi Muhammad saw miwarang Ali bin Abu Thalib lungsur tina mimbar sarta miwarang para sohabat sarta jamaah anu aya didinya supados ngucapkan salamet. Sohabat Umar bin Khaththab sareng Abu Bakar bin Abu Quhafah ngucapkan salamet: “Abahta ya Abal Hasan. Salira parantos janten pamingpin umat Islam (amirul mukminin) saba’da Rasulullah.”

Saba’da prosesi palantikan Ali bin Abu Thalib salaku washi jeung mawla Rasulullah saw, jamaah haji marulih ka wewengkonna sewang-sewangan. Kitu deui rombongan haji ti Madinah mulih sareng Kangjeng Nabi.

Perkawis riwayat Ghadir tiasa diaos na kitab hadis Turmudzi, Muslim jeung Al-Hakim. Malihan mah ulama Syaikh Abdul Husain Amini (lahir 1899, pupus 3 Juli 1969) nyerat Ensiklopedia Al-Ghadir anu sumberna ti 24 kitab sajarah (tarikh), 27 kitab hadis, 14 kitab tafsir jeung 7 transkrip khutbah ulama.

Ensiklopedi susunan Syaikh Amini ieu medal munggaran taun 1946 di Najaf, Irak, lobana 9 jilid ku penerbit Az-Zahra. Teras taun 1952 janten 11 jilid medal di Teheran, Iran, ku penerbit Al-Haidari. Teras dicitak deui Dar Al-Kitab Al-Arabi di Beirut, Lebanon, taun 1967 jeung 1983.

Sim kuring dugi kiwari teu ngarti naha tina sajarah Islam ngeunaan Ghadir Khum langki dibahas dina caramah agama atanapi palajaran sajarah. Jigana aya anu ngahaja dieuweuhkeun tina sajarah Islam.

Janten dina eta patempatan Nabi Muhammad saw masihan wasiat anu panungtung keur sakumna umat Islam. Tangtosna para sohabat sareng urang Islam anu ti wewengkon sabuderan Jazirah Arabia kedah haladir, hususna anu haraji waktos harita.

Saatos kitu, Kangjeng Nabi nyauran Ali bin Abi Thalib karamallahu wajhah supados naek ka luhur mimbar anu dijieun tina palana kuda sareng onta. Anu disauran majeng teras ngadeg di gigireun Kangjeng Nabi. Teras bae Kangjeng Nabi nyepeng panangan Ali bari cumarios: “Man kuntu mawla, fa hadza ‘Aliyyun mawla.”

Mun macaan buku sajarah Nabi Muhammad saw sok tara manggihan carita Ghadir Khum. Kiwari geus loba anu ngabolekerkeun perkawis Ghadir Khum dina buku-buku sajarah Islam anu kiwari geus loba anu medal. Ngan rereana eta buku diserat ku urang Islam anu paham ageman Islamna mazhab Ahlulbait atawa Syiah.

Aya oge anu ti urang Sunni atawa Ahlussunah. Ngan teu kumplit dina ngajentrekeun eta riwayat atawa eusina. Anu seueur kadangu tina caramah yen sabada Rasulullah saw anu janten khalifah teh Abu Bakar anu dipilih dina gempungan Saqifah. Padahal mah Kangjeng Nabi parantos netepkeun Ali salaku washiy jeung wakil anu neraskeun Rasulullah saw dina otoritas agama jeung sagala rupina anu patali sareng kaagamaan Islam. Dina sual ieu jigana urang kedah maluruh deui. Kedah janten lenyepaneun. Naha leres eta aya sajarahna? Naha henteu lebet na kitab-kitab sajarah anu muktabarah di kaum muslimin dugi kiwari?

Ampir sadaya urang Islam anu mazhabna Ahlulbait (Syiah Duawelas Imam) unggal ping 18 Dzulhijjah biasana ngarayakeun Idul Ghadir. Di Iran, Mesir, India, Irak, Lebanon, Bahrain, Kuwait, Madinah sarta nagari sejenna biasana sok diayakaeun. Eta oge mun di nagari eta aya urang Islam anu mazhabna Syiah.

Ngan keur urang Indonesia mah teu acan janten tradisi. Karek ayeuna-ayeuna bae urang Islam Indonesia anu ngayakeun Idul Ghadir. Hususna orhanisasi masyarakat Islam Ikatan Jamaah Ahlul Bait Indonesia(IJABI) sareng Ahlul Bait Indonesia (ABI) anu ngayakeun parayaan al-ghadir. Simkuring oge kantos ngiluan. Rame jeung resep dieusi shalawatan, ngaos al-Quran, caramah, sareng drama anu mintokeun sajarah al-ghadir. Kuring mah resep bae ninggal parayaan samodel kitu sabab janten emut deui kana sajarah. *** (ahmad sahidin)